Ngan lamun sakalina aya kakeuheul atawa kaambek, paséa paréa-réa omong upamana, sesebutan "Papih" jeung "Mamih" téh sok balik deui ka asal, sok balik deui nyebut ngaran séwang-séwangan: Kabayan atawa Iteung.)
Mun Mamih Iteung geus nyarita kitu, enya maksud téh nyarita rék "nganjang" ka tatangga, Profésor Kabayan teu bisa kukumaha, da puguh rumasa manéhna toh-tohan teuing kana garapan, rada tara maliré ka pamajikanana.
Tapi, aya kalana, sikep Profésor Kabayan nu toh-tohan kana garapanana téh, matak nimbulkeun papaséaan.
Paséa leutik mimitina mah, tapi ahirna jadi rongkah.
Kawas harita, dina hiji poé, pasosoré muru ka Magrib...*** Lajengkeuneun
Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (2): Nu Paséa Ngaributkeun Hak