Kabayan Ngalanglang Jaman (1): Kabayan Jadi Profesor

- 2 Mei 2023, 05:00 WIB
/

HIJI

 

TATAR Sunda, taun 2020 Masehi.

Nyieun hiji mesin anu bisa mawa manusa ngalanglang jaman, geus jadi cita-cita Kabayan ti baheula mula, ti keur leutik kénéh, ti keur manéhna aya kénéh di ­lemburna.

Ayeuna, sanggeus manéhna nyuprih élmu di Institut Teknologi Tatar Priangan, sanggeus manéhna nyangking gelar Profesor, cita-cita hayang nyieun mesin waktu téh, méh tinekanan.

Naon deui atuh nu jadi hahalang, kaahlian geus aya, kabisa geus boga!

Modal?

Kapan ayeuna mah manéhna téh geus jadi jalma jegud.

Pakaya bru di juro bro di panto ngalayah di tengah imah téh, éstu lain ukur babasan.

Tapi dasar atuh Kabayan, najan geus jadi ilmuwan tur beunghar gé, ari nyarita mah angger saceplakna.

Sakapeung kekecapanana garihal, teu ngukur ka diri nu geus jadi "orang terhormat".

Hiji wé nu robah téh... geus lain jalma pangedulan deui. Piraku wé ilmuwan ngedul mah!

Komo deui apanan Profésor Kabayan téh ayeuna boga ­garapeun. Lain ngagarap sawah Si Abah cara baheula keur di ­lemburna, tapi ngagarap gawéeun anu salila ieu jadi cita-citana téa... nyiptakeun mesin waktu!

Éta mesin nu wangunna ­ngaharib-harib mobil Batman téh, anu ku manéhna disebut mesin waktu, kiwari geus ngawujud, najan can sampurna naker, tinggal sababaraha persén deui. Kari nganggeuskeun alat pengendali taun jeung tempat-na wungkul.

Mun éta alat pengendali taun jeung tempat geus anggeus, Profésor Kabayan bisa sakarepna ­ngadalikeun taun jeung tempat nu dipikahayang ku manéhna.

Mun manéhna hayang nyaksian Raden Dewi Sartika muka sakola munggaran ­sa-Indonesia pikeun parawanoja nu dingarananan Sakola Kautamaan Istri, nya kari mencét alat pengendali taun wé anu nuduhkeun béréndélan angka 16011904, tuluy pencét hurup-hurup "Pendopo Kabupaten Bandung, Hindia Belanda” minangka tempat lumangsungna éta kajadian.

Atawa mun hayang nyaksian Bung Karno jeung Bung Hatta mroklamirkeun kamerdékaan Indonesia, kari mencét angka 17081945 wé dina alat pengendali taun téh, tuluy pencét hurup-hurup "Pegangsaan Timur, Jakarta, Indonesia".

Lamun perlu jeung jamna, tinggal tambahkeun wé sanggeus maké titik tukangeun taun. 

Praktis, apanan?

Ngan hanjakal, alat pengendali taun jeung tempat téh tepi ka semet kiwari can anggeus kénéh baé.

Da mun seug geus anggeus mah, Profésor Kabayan hayang geura-geura nyobaan. Hayang geura-geura ngalanglang jaman.

Ayeuna manéhna can waka bisa maké éta mesin waktu, da bisi nyasar ka mana karep, bisi kasarung ka jaman Lutung Kasarung, hayoh teu bisa balik deui ka jaman manéhna.

Éta gé bisa dipaké, ngan ku lantaran can aya alat pengendali taun jeung tempat-na téa, éta mesin jadi kumaha karep mesinna, rék ka jaman naon baé gé teu bisa diatur ku manusa. Nyaho-nyaho geus ngajeblag wé béréndélan angka taun dina layar monitor.

Mun seug kitu téh, atuh Profésor Kabayan bisa nyasar ka jaman purba, jaman anu henteu dipikahayang ku manéhna, da sieun jadi parab manusa kanibal atawa parab sabangsaning sato purba anu sok ngahakan daging.  

Enya, kari nganggeuskeun alat pengendali taun jeung tempat-na wungkul!

Tapi, da lain waktu nu keudeung-keudeung atuh nganggeuskeun éta mah, najan enya gé tinggal hiji deui anggeuskeuneun téh.

Ku kitu gé kétah, Profésor Kabayan ngarasa ­sugema.

Sahenteuna éta ­kasugema téh ngahudang manéhna leuwih suhud deui dina ngotéktak mesin ­garapanana.   

Tah, mun keur jongjon ­ngomé-ngomé mesin, sakapeung Profésor Kabayan sok tara nyaho di waktu.

Ku kitu téh tangtu baé matak ­nasteung pamajikanana, Iteung.

Untungna Iteung boga ­"kalangenan" anyar. Sanggeus hirup di kota, boga gedong sigrong tur agréng di Komplek Kenangan Indah, rasa percaya diri Iteung ngabeukahan.

Mimiti manéhna sok sumah-sémah ka tatangga anu sarua beungharna.

Tina nyémah saminggu sakali, ahirna remen idek-liher di imah tatanggana.

"Pih, Mamih rék ka imah Bu Anti heula, nya. Rék aya arisan. Kabeneran nu meunang minggu ieu téh, nya Mamih pisan. Bisi balikna peuting, keun wé da Si Anah geus diwawadianan nyiapkeun dahar keur Papih."

Kitu basana téh, mun Iteung rék nganjang ka imah tatanggana.

Lain Bu Anti baé nu dianjangan­ana téh, tapi ogé Bu Astri, Bu Nisa, Bu Voni, Bu Rini, Bu Feby, Bu Melissa, Bu Ratna, jeung... ah, pokona mah ibu-ibu nu "salével”, “saihwan" jeung “sagolongan” wé, pada-pada jalma jegud, anu mun sakalina ngarumpul téh sok pageulis-geulis dangdan jeung paalus-alus maké.     

Ngan éta ku kekecapanana, ayeuna mah Iteung mun nyarita ka salaki téh sok tara diréka dilemes-lemes, éstu kekecapan nu dikedalkeun mangsa maranéhna ngalaman pait-peuheurna ­kahirupan.

Ayeuna hirupna geus jegud, éh... angger wé nyaritana téh ku kekecapan ti kalangan cacah nu teu "nyakola".

(Ngan ku lantaran geus jadi jalma jegud téa, Iteung ka Kabayan téh ayeuna mah sok nyebut Papih, kitu deui ­sabalikna, Kabayan ka Iteung sok nyebut Mamih. Nyaluyukeun diri jeung pajamanan, meureun.

Ngan lamun sakalina aya kakeuheul atawa kaambek, paséa paréa-réa omong upamana, sesebutan "Papih" jeung "Mamih" téh sok balik deui ka asal, sok balik deui nyebut ngaran ­séwang-séwangan: Kabayan atawa Iteung.)

Mun Mamih Iteung geus nyarita kitu, enya maksud téh nyarita rék "nganjang" ka tatangga, Profésor Kabayan teu bisa kukumaha, da puguh rumasa manéhna toh-tohan teuing kana garapan, rada tara maliré ka pamajikanana.

Tapi, aya kalana, sikep Profésor Kabayan nu ­toh-tohan kana garapanana téh, matak nimbulkeun papaséaan.

Paséa ­leutik mimitina mah, tapi ahirna jadi rongkah.

Kawas harita, dina hiji poé, pasosoré muru ka Magrib...*** Lajengkeuneun

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (2): Nu Paséa Ngaributkeun Hak

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x