DI luar kadenge aya nu leumpang muru saung. Suba cengkat, ngalieuk ka luar. Akina katempo datang bari mawa lodong jeung lauk sababaraha hiji ditiir ku jukut. Asup ka saung. Lodongna dikaitkan kana tihang, ari laukna diwadahan kana talangwengkar sanggeus diamaparan daun cau, terus diuyahan.
“Paiseun,” pokna ka Suba.
Suba ukur seuri.
“Ki, aya semah. Tuh keur muja,” ceuk Suba.
“Enya, tadi katempo,” tembal akina. “Saha? Wawuh?”
“Karek panggih, teu wawuh. Nyebutna mah ti Dayeuhluhur, diutus ku rajana.”
“Teu nyaritakeun pamaksudanana?”
“Henteu. Ngan manehna nalengteng uing, nanya kieu ka Rajamandala ukur ka patilasan?”
“Bebeja kitu tas ti Rajamandala?”