“Andika oge teu apal?”
“Ceuk pangira dia, kami weruh kana soal eta?” Aki Kanta malk nanya.
Anu ngaku urang Dayeuhluhur ngusapan gado. Basa paadu teuteup jeung Aki Kanta, manehna ngabalieur, teu kuateun nadah sorot panon Aki Kanta. Sajongjongan taya nu nyarita deui. Suba nyampeurkeun bari mawa cai jeung lalawuhna, song disuguhkeun ka tamu. Geus kitu mah Suba ka dapur deui.
“Sok ngadaang,” ceuk Aki Kanta bari ngarongkong bekong hareupeunana, leguk nginum. Caina keur haneut meumeujeuhna.
“Matur nuwun,” ceuk nu ngaku urang Dayeuhluhur teh. Basa rek nyokot bekong hareupeunana, ujug-ujug peletrak kana tarangna. Eta lalaki ngudupruk.
Aki Kanta nangtung, panonna ngulincer ka sabudeureun saung. Gek diuk deui. Teu lila saurang lalaki ngagajleng ka hareupeun golodog. Cat unggah ka jero saung, sarta muru ka nu ngaku urang Dayeuhluhur nu ngarengkol, siga nu keur sare. Aki Kanta angger sila, panonna neuteup ka nu anyar datang.
“Hampura kami ngagareuwahkeun,” ceuk nu anyar datang.
“Rek dikumahakeun?” ceuk Aki Kanta.
“Rek dioprek ku kami….,” tembal lalaki anyar datang.
“Saha kitu ieu jalma?”