“ETA Suba, kabeneran deuih langsung kapanggih ku Putri, henteu ku kami,” ceuk Bena bari ngareret ka Suba. “Kumaha mimitina bisa tumpak si belang, laju dibawa ka tempat kami keur reureuh?” pokna deui.
“Kungsi ku Aki Jaya dibejaan jampe ngemat si belang. Ku uing dicoba, teu nyangka uing oge bet bisa nyambat si belang. Tapi uing oge teu ngarti naha dibawa ka tempat reureuh Aka,” tembal Suba.
“Ari sugan teh moal bisa nerap, da puguh pameulina,” ceuk Aki Jaya. “Kami oge teu ngira.”
“Basa ku kami dititah disambat deui, teu metu,” ceuk Bena.
“Sakalieun meureun,” tembal Aki Jaya bari seuri. “Geus kitu wae kuduna. Kudu panggih jeung daria jeung marengan daria.”
“Sagala rupana geus diguratkeun ku Nu Murbeng Alam,” ceuk Olot Kaya bari neuteup ka Suba nu balik deui ka dapur rek ngasurkeun seuneu.”Ceuk pangrasa jaga Suba bakal pindah ageman, bakal ngawula ku urang kaler,”
“Pindah ageman? Piraku,” Asmita mairan.
“Ceuk toongan kami eta mah. Kami teu bisa neguh naeun agemanana engke,” tembal Olot Kaya.
“Nya, teu nanaeun pindah ageman oge, nu dipiharep teh ulah tepi ka kawas urang Carbon,” ceuk Aki Jaya.