Putri Anjungsari (91), Pamanggul Prajurit Cirebon Ujug-Ujug Datang ka Linggahyang

- 19 April 2023, 03:00 WIB
Gua Donan di Kalipucang Kabupaten Pangandaran, guha nu nhgandung ajen sejarah jeung misteri.
Gua Donan di Kalipucang Kabupaten Pangandaran, guha nu nhgandung ajen sejarah jeung misteri. /Nanang S/Galura

 

KEUR gunem catur kitu, torojol dua urang lalaki make baju kawas nu biasa dipake ku urang Tionghoa. Kabeh curinghak, kaasup Maharaja Sakti. Eta lalaki teh nangtung sakeudeung bari nitenan nu ngariung. Tarang Gingin kerung asa kungsi panggih. Malah mah lain ukur panggih tapi oge kungsi ngobrol.

“Yap, ka dieu, milu ngariung,” ceuk Maharaja Sakti sanggeus engeuheun saha-sahana ka nu anyar datang.

Eta dua lalaki patutur-tutur nete golodog, bari dodongkoan, ngaliwat ka hareupeun nu ngariung. Gek diuk gigireun tukang parahu nu ti lebah Gingin sila awas pisan ka eta dua lalaki. Gingin geus nyay-nyayan inget ka eta dua lalaki. Mun geus nyarita moal salah nu saurang mah lulugu prajurit Cirebon nu neangan baturna nu ti teuleum. Tapi naha ka dieu, aya naon, ceuk Gingin dina hatena.

“Ieu, nu anyar datang, batur urang sarerea. Asalna ti Luragung, Kajene,” ceuk Maharaja Sakti ngawanohkeun nu karek ngarongheap. Anu diwanohkeun arunggeuk ka nu ngariung bari seuri. “Ayeuna dumuk di Rawa, di deukeut pusara Haji Purwa Galuh, Brata Legawa.”

Sarerea malencrong ka eta dua lalaki. Gingin mah malah nelek-nelek maranehna, hayangeun sidik pisan jeung hayangeun ngayakinkeun dugaanana teu salah.

“Luluhurna sarua ti Luragung, milu jeung Haji Purwa nu bumen-bumen di Rawa. Luluhurna kungsi milu ngajajapkeun Prabu Linggabuana nu rek balayar muru Majapahit, ngan teu milu ka Majapahit. Prajurit Galuh oge lolobana mah nganteurna ukur tepi ka palabuan. Prabu Linggabuana ka Majapahit lain rek perang tapi rek ngadahupkeun siwina,” ceuk Maharaja Sakti deui.

“Geus lila, ieu baraya urang dumuk di Rawa, Perebu?” ceuk Olot Kaya.

“Ti barang kami ka dieu oge jadi urang Rawa….,” tembal Maharaja Sakti.

“Ku naeun cenah make pindah ka Rawa?” Olot Kaya nanya deui.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x