Putri Anjungsari (83), Maung Lodaya Nuturkeun Tukang Sadap, geus Rada Jauh Kadenge Sora Ngagaur

- 11 April 2023, 03:00 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

HUY, Ki Silah, di mana dia?” Bena gura-gero.

Rait mah nyuay-nyuaykeun rungkun saliara, bari ngilikan bisa aya tapak maung, teu jauh ti tangkal kawung nu aya sigayan. Sanggeus teu manggih nanaon, Rait nerekel kana sigay, gancang pisan, siga nu hampangeun mawa awakna teh, sakeudeung oge geus tepi ka lebah lodong nu digantungan handapeun leungeun kawung.

Diilikan lodongna meh pinuh ku legen, kaciri budahna geus kaluar, mapay kana kana sisi lodong. Ngandung harti tukang nyadap nu tadi digabrug ku maung tacan neang lodongna. Na ka mana heula, maungna deuih teu kadenge gaurna, gerentes Rait bari rarat-reret ka handap, najan geus poek, tapi ka handap bisa awas, bulan caangna geus saparo.

Rait turun deui, lalaunan ayeuna mah lantaran bari ngawaskeun ka sakurilingeunana. Kadenge Bena celuk-celuk deui. Sorana ayeuna mah ditarikeun, malah siga nu make jampe pamake, lantaran sorana handaruan. Eta wae, sababaraha manuk nu keur hees dina dahan halaliber bari jeung talag-tolog hiberna teh.

Teu lila ti lebak, katempo ku Rait ngurunyung tukang nyadap bari angger nyorendang lodong. Tukang nyadap teh dituturkeun ku maung, dua, jeung ku anak maung, dua. Rait colohok. Leungeunna katuhuna ngagisik panon bisi salah tetempoan, tapi sidik, tukang nyadap teh dituturkeun ku maung saopat-opat.

Tukang nyadap leumpangna ngadeukeutan tangkal kawung nu di dinya mah ngan ukur hiji-hijina. Rait tuturuban turun. Kira dua meter deui ka handap, ngagajleng. Meureun maung ngambeu jalma anyar, ngaguar lalaunan, nembongkeun sihungna. Tukang nyadap oge ngarandeg, lantaran katempoeun aya nu ngagajleng ti luhur tangkal kawung.

“Ning nyusul?” pokna basa sidik ka nu ngagajleng.

“Tadi kadenge sora maung ngagaur tarik. Kami hariwang dia dikukumaha ku Si Belang,” ceuk Rait.

Tukang nyadap seuri.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x