Putri Anjungsari (83), Maung Lodaya Nuturkeun Tukang Sadap, geus Rada Jauh Kadenge Sora Ngagaur

- 11 April 2023, 03:00 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

“Ari itu Si Belang jeung bikangna moal nanaeun ka kami,” ceuk Bena.

“Dia mah kawas wae bolostrong,” tembal tukang nyadap.

Bena jeung Rait silihreret. Teu nyangkaeun tukang nyadap bisa neguh kana kaayaan dirina.

Si Belang, jeung bikangna, katut anakna dareupa deukeut sigay. Mata Si Belang mah remen tanggah ka luhur tangkal kawung, siga nu melangeun ka tukang nyadap.

Rada lila oge tukang nyadap di luhur kawungna, rada ugal-ugil ngalaan tali lodongna, siga nu beurateun. Sanggeus lodong nu pinuh ku legen digantungkeun dina sigay, tukang nyadap ngaluarkeun peso. Leungeun kawung, tungtungna, dikeureutan ipis. Geus kitu lodong bawana nu masih kosong digantungkeun dina leungeun kawung.

Lodong nu pinuh ku legen disalindangkeun kana tak-takna, terus turun mapay sigay, turunna teh gancang sakitu mah, ngan teu sagancang Rait. Si Belang nempokeun tukang nyadap tepi ka napak deui kana lemah.

“Belang, hayang nginum legen?” ceuk tukang nyadap bari ngusapan hulu Si Belang.

Da puguh sato, Si Belang ukur elel-elelan letahna.

Tukang sadap nekrok daun cau, lalaunan dieusian ku legen tina botolna. Sanggeus rek pinuh disodorkeun ka Si Belang. Ku Si Belang diambeuan, laju diletakan. Karuhan Si Belang beukieun mah, tukang nyadap nekrok deui daun cau, dua. Dieusin deui ku legen, ditunda deukeut maung bikang nu keur nyusuan anakna.

Maung bikang oge ngaletakan legen, malah anakna oge lesot tina nyusuna, milu ngaletakan legen.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah