Carnyam Putri Anjunngsari (72), Urang Pajajaran Teu Wanieun Ngadahar Sangu

- 31 Maret 2023, 03:00 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

KAWASNA nyimpang ka jalan satapak, ka imah barayana nu tiluan,” ceuk Ranah.

“Bisa jadi. Nyimpangna beh dieu, tepi ka teu pasarandog jeung Bena,” tembal Olot Kaya. “Ben, rek reureuh di dieu?” pokna deui ditujukeun ka Bena.

Bena ngalieuk ka Putri Anjungsari, menta kamandang.

“Engke wae ari manggih warung,” tembal Putri Anjungsari.

“Hayu atuh lumampah deui, meungpeung can beurang pisan,” ceuk Olot Kaya. “Bena ti heula.”

Bena nurut. Bena majukeun kudana ka hareup, terus  sina leumpang lalaunan. Dituturkeun ku Ranah, ditema ku Putri Anjungsari, Olot Kaya, jeung Rait. Sanggeus  tarapti, kudana ditegarkeun. Sakapeung mun jalanna kabeneran rubak, Bena sajajar jeung Ranah, Putri Anjungsari di tengah, diturukeun ku Olot Kaya jeung Rait.

Tengah poe anjog ka pilemburan. Mimitina mah imahna ancal-ancalan, tapi saterusna, kawilang gegek. Imahna aya nu dijieun tina awi, aya oge nu dijieun tina kai, teu saeutik nu dijieun tina awi jeung kai. Hateupna kabeh oge tina injuk. Kabeh nyanghareup ka wetan ngarah cahaya panonpoe isuk-isuk asup ka pakarangan jeung ka jero imah.

Basa ngaliwat ka tengah lembur mah, Putri Anjungsari teu wanieun negarkeun kudana, bisi ngadupak urang lembur nu kabeneran leumpang atawa meuntas. Padumukna nungtutan daratang ti huma garapanana sewang-sewangan bari mawa hasil tatanenna nu diwadahan kana karanjang awi. Anu mawana awewe mah karanjangna disuhun.

Sabot tumpak kuda teh, Bena, Rait rarat-reret neangan warung keur reureuh. Manggih di tengah lembur, kawilang badag jeung pakaranganana lega. Malah aya tempat nunda kuda, rada jauh ti warung jeung nenggang ti paimahan.  Di dinya disadiakeun ku parab kuda, jukut harejo, kumplit jeung tempat paranti nginumna.

Putri Anjungsari jeung pangiringna nyarimpang. Anu pangheulana turun tina kudana teh Bena  jeung Rait, terus Putri Anjungsari, Olot Kaya jeung  Ranah. Memeh asup ka warung, Bena jeung Rait nungtun kuda, dibawa ka tempat paranti nunda kuda. Aya nu ngajagana, lalaki saluhureun Bena. Tangginas pisan ngabageakeun Bena jeung Rait.

Taya kudana sejenna nu dicangcang di dinya. Ari tapak talapok kudana mah rea. Tai kudana mah kawasna geus diberesihan ku nu jaga.

“Sakalian paraban,” ceuk Bena bari mikeun tali eles  ka tukang jaga.

“Laan tali elesna?” tembal tukang jaga.

“Laan wae, ambeh jongjoneun nyaratuna,” ceuk Bena. “Jamu keur kuda aya? Mun aya mah bere,” pokna deui.

“Aya,” tembal tukang jaga kuda.

“Bisa ngurut kuda?” ceuk Rait nembrong.

“Aya tukangna, kudu diteang,” tembal tukang jaga bari ngalaan tali eles kuda nu sok ditumpakan ku Bena. “Ngan sigana moal kaburu ngurut kuda salima-lima mah, kajaba daria meuting di dieu,” pokna deui.

“Ukur saurang tukang urut kudana?” ceuk Bena.

“Saurang,” tembal tukang jaga.

“Teang wae. Anu diurut kuda nu sakira uruteun,” ceuk Bena.

“Sigana mah jaragjag keneh. Kuda mahal,” ceuk tukang jaga kuda bari ngusapan susuri kuda nu sok ditumpakan ku Putri Anjungsari.

“Nyaho geuning dia,” ceuk Bena bari seuri.

“Atuda geus lila ngurus kuda semah,” tembal tukang jaga kuda bari mawa jukut sarta laju ditunda hareupeun kuda.

Kami ka warung heula,” ceuk Bena.

Tukang jaga kuda unggeuk.

“Keun kuda mah diurus ku kami,” pokna.

Patutur-tutur Bena jeung Rait leumpang muru warung. Sup ka warung sarta dariuk gigireun Olot Kaya. Anu ngaladangnana duaan, awewe ngora keneh. Ditempo tina puhu ramona sigana mah masih keneh parawan. Tambah saurang lalaki nu geus kolot.

Dina meja geus ngabarak kadaharan, tinggal milihan. Kabeh oge anyar keneh jeung masih keneh haneut. Malah aya beuleum lauk sagala. Uyahna diwadahan kana batok kalapa. Dina coet aya cengek nu geus direndos baradag. Katempo aya sangu nu diwadahan dina ceceting, teu pati bodas, malah katempona kuleuheu.

Putri Anjungsari, kitu deui Bena, Rait, Olot Kaya jeung Ranah henteu nyiuk sangu. Bena kungsi ngadongeng basa tas dahar sangu di warung sisi Citarum, ngadadak ngalenggut tunduh, meh teu bisa ditahan. Dibejakeun deuih, ku nu sarua dadahar di warung, cenah Bena katarajang teluh kejo lantaran tas dahar sangu ujug-ujug ngalenggut nundutan.

Anu didahar ku Putri Anjungsari, Olot Kaya, Ranah, Bena jeung Rait teh beubeutian. Deungeunna beuleum lauk jeung lalab. Bena jeung Rait saregut dalaharna. Beda jeung Putri Anjungsari, Ranah jeung Olot Kaya, tiluanana siga nu arancin.  Dalaharna bangun  nu dirarasakeun, henteu paduk nyapek. 

Rengse dahar kadenge kuda hihieuman. Bena gancang kaluar, sarta nempo ka tempat kudana ditunda. Tembong kuda nu biasa ditumpakan ku Olot Kaya keur diurut pingpingna.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x