Putri Anjungsari (70), Jaya Perkosa Ngajurung Kapercayaanana Nalingakeun Urang Pajajaran nu rek ka Kawali

- 29 Maret 2023, 02:30 WIB
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang.
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang. /Nanang S/Galura

“Ka Kawali? Asal ti mana?“

“Ti Kulon.”

“Pajajaran?”

“Mun enya kumaha?” Putri Anjungsari nu nembalan ku sora asli.

“Tadi peuting ngarereb di mana?”

“Di omah nu teu pati jauh ti dapuran haur gereng,” tembal Putri Anjunsari bari mencrong eta lalaki, seukeut pisan.

Eta lalaki ngabalieur, terus tungkul, teu wanieun nadah sorot panon Putri Anjungsari. Sajongjongan taya nyarita.

“Andika naeunana Jaya Perkosa?” ceuk nu lalaki bari ngareret ka Bena, ngan ari nanya mah ditujukeun ka Putri Anjungsari.

Barang ngadenge Jaya Perkosa disebut ku eta lalaki, Bena jeung Rait helokeun. Geuning nyahoeun ka Jaya Perkosa? Dirina oge ukur ngadenge ngaranna, tacan kungsi panggih. Padahal ti barang dibrolkeun tepi ka jebrog, teu kungsi incah balilahan ti Pakuan Pajajaran, karek ayeuna lunta ti puseur dayeuh Karajaan Sunda teh, eta oge pedah diparentah ku raja.

“Dia wanoh?” Putri Anjungsari malik nanya.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x