Putri Anjungsari (70), Jaya Perkosa Ngajurung Kapercayaanana Nalingakeun Urang Pajajaran nu rek ka Kawali

- 29 Maret 2023, 02:30 WIB
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang.
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang. /Nanang S/Galura

Kawantu jalanna ngabalungbung jeung teu ngaliwat ka pilemburan, kuda lumpatna tarik, siga nu keur balap wae. Keur ngaberengbeng lumpat, ti kajauhan katempo, handapeun tangkal caringin  aya dua kuda nu keur nyatuan jukut dina kuta sisi jalan. Tapi Putri Anjungsari henteu ngendorkeun kudana, angger dilumpatkeun.

Basa geus rek deukeut ka lebah kuda, mucunghul dua urang, wanoja jeung lalaki, sarta tiluanana terus nangtung deukeut kuda. Panonna malencrong ka lebah Putri Anjungsari. Bena gancang miheulaan Putri Anjungsari, bisi nu keur narangtung boga niat teu hade. Kudana dikendoran, diturutan ku Putri Anjungari jeung Rait.

“Amit, kami milu liwat,” ceuk Bena waktu ngaliwat ka hareupeun nu tiluan.

“Eureun heula ki Silah,” tembal salasaurang ku sora nu rada tarik.

“Kami rusuh,” tembal Bena, bari ngenyed eles kudana sangkan lumpatna ngabelesat deui.

Kawasna ngarasa panitahna teu digugu, nu duan mancal kana kudana. Ngudag. Nempo nu duaan ngudag. Putri Anjungsari mere tanda sangkan eureun heula. Tiluanana nyarisi, eureunna di kuta. Teu lila oge ku nu duaan kasusul.

“Daria rek ka marana?” ceuk nu lalaki.

“Ka wetan,” tembal Bena.

“Ka wetanna ka mana?” ceuk nu lalaki deui.

“Ka Kawali,” tembal Bena.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x