Putri Anjungsari (70), Jaya Perkosa Ngajurung Kapercayaanana Nalingakeun Urang Pajajaran nu rek ka Kawali

- 29 Maret 2023, 02:30 WIB
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang.
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang. /Nanang S/Galura

 

AKA, kami kaluar heula. Aka mah sare, ke janari gantian, kami nu sare,” ceuk Rait, terus cengkat.

“Rek ngaronda, nyah?” ceuk Paman bari seuri.

“Kami ngestokeun pancen,” tembal Rait.

“Hade,” tembal Paman deui bari peureum hayam. “Ari batur dia nu dua deui ka mana?” ceuk Paman nanya ka Bena sanggeus Rait turun kana golodog.

“Kami tacan meunang laratan deui,” tembal Bena,” ngan kawasna mah geus ti heula, bareng jeung tilu urang baturna, ngan kami teu wawuh.”

“Apal ti mana?”

“Kungsi tepung di warung,”  ceuk Bena.

“Tong hariwang, engke oge bareng deui.”

“Paman wawuh jeung Olot Kaya,”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x