Putri Anjungsari (70), Jaya Perkosa Ngajurung Kapercayaanana Nalingakeun Urang Pajajaran nu rek ka Kawali

- 29 Maret 2023, 02:30 WIB
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang.
Makuta Binokasi Sanghyang Pake nu dibawa ku Jaya Perkosa ti Pajajaran ka Sumedanglarang. /Nanang S/Galura

“Geura reup peureum, isuk-isuk kudu miang deui,” ceuk Paman.

Tadina Bena rek nanyakeun saha sabenerna “paman” teh. Ngan teu wanieun.

*

KAMI amit, Paman,” ceuk Putri Anjungsari memeh mancal kana kudana. Harita teh rebun-rebun keneh pisan, carangcang tihang oge acan. Anu disebut paman nangtung sisi golodog, kitu deui nu tiluan.  Sirah opatanana angger ngeluk, teu wanieun neuteup ka Putri Anjungsari. Bena jeung Rait narangtung bari nyekelan tali eles kudana sewang-sewangan, teu jauh ti Putri Anjungsari.

“Bral,  muga waluya di jalan,” tembal paman bari sorana dumareuda. Nalangsa, sedih, ngarasakeun Pajajaran tepi ka paburencay. “Hampura Paman teu bisa nganteur tepi ka ditu.”

“Ku dijagana jajalaneun, kami kacida nganuhunkeunana, Paman,“ ceuk Putri Anjungsari bari mancal kana kudana.

Bena jeung Rait oge marancal kana kuduana sewang-sewangan.

“Amit Paman. Muga bisa tepung deui,” ceuk Putri Anjungsari bari ngenyed tali eles kudana.

Beretek kudana lumpat, dituturkeun ku Bena jeung Rait. Lalaki nu disebut paman ku Putri Anjungsari saacan kuda katempo mah angger nangtung bari neuteup kuda nu dilumpatkeun. Sanggeus teu katempo, paman  ngoreleng ka pipir imah, nyokot kudana. Clak ditumpakan, biur dilumpatkeun, ka kaler, mapay jalan satapak.

Sabot ngalumpatkeun kudana, Bena jeung Rait masih keneh panasaraneun saha nu disebut paman ku Putri Anjungsari teh. Anu geus bisa kabade mah: paman sarua lunta ti Pajajaran bari mawa lambang karajaan, sina dumuk di Sumedanglarang. Anu jadi panasaraneun deui: rek dipasrahkeun ka saha eta lambang karajaan teh?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x