Putri Anjungsari (47), Prajurit Cirebon Basa keur Meuntas Make Rakit ti Kelebuh di Cimanuk

- 6 Maret 2023, 05:30 WIB
Jalan di hareupeun Karaton Pakuan Pajajaran (foto @ ainusantara)
Jalan di hareupeun Karaton Pakuan Pajajaran (foto @ ainusantara) /Nanang S/Galura

 

AKI Jaya ukur seuri. Memeh kaluar, Aki Jaya, Asmita,  Atus, jeung Gingin nataan heula nu didaharna. Gingin ngaluarkeun duit perak, disodorkeun ka tukang warung. Gingin menta pangwadahankeun kadaharan sacukupna, keur bekel di jalan, ongkoh tacan sasarap samistina. Kadaharanana diasupkeun kana boronjol.

Ku tukang warung dibahanan cai nu diwadahan kana labu. Labuna geus aya talian, tinggal dibeulitkeun kana cangkeng. Sanggeus amitan ka tukang warung jeung amitan deui ka semah anyar, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin, patutur-tutur ka luar ti warung, laju leumpang muru darmaga Cimanuk nu kaayaanana tiiseun keneh.

Lalaunan Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin tarurun kana rakit nu katempona weweg pisan. Di tengahna aya kai pasagi keur diuk. Tukang rakitna, duaan, narangtung di tungtung hareup jeung di tungtung tukang, nyerekel galah panjang. Sanggeus Aki Jaya sabatur-batur diukna merenah, rakitna ngageuleuyeung.

Baca Juga: Putri Anjungsari (45), Sora Manuk Tuweuw nu Jadi Tanda Kajadian Aheng

Lebah dinya, lebah jajalaneun rakit, caina teu pati jero, paling semet dada kolot, lajuna cai teu nyeot, ngan rada kabeulah hilirna mah ngajumbleng. Kenca katuhuna ngaroyom rungkun awi, tepi ka leuwina katembong poek. Tukang rakit teu heseeun ngawelah rakitna teh, ongkoh deui sigana geus manukna, geus tuman rarakitan di walungan.

Teu lila meuntas teh. Sakeudeung oge geus anjog ka peuntas. Di darmaga aya rakit hiji, teu pati gede, anyar keneh, awina oge tembong harejo keneh. Aki Jaya, Asmita, jeung Atus jrat-jrut tarurun. Gingin mah pandeuri, mayar heula. Sanggeus Gingin turun, rakitna balik deui, henteu terus ditambat di dinya.

Karek sabaraha lengkah Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin ti darmaga pameuntasan, katempo ti beulah tonggoh lima urang nu make baju prajurit Cirebon, ngan henteu make baju kere, laleumpang gancang pisan, muru darmaga. Aki Jaya ngarandeg sakeudeung, kitu deui Asmita, Atus, jeung Gingin, tapi laju neruskeun deui leumpangna.

Waktu pasarandog, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin nyarisi, mere jalan. Anu limaan ukur ngareret bari angger leumpang rusuh. Sanggeus nu limaan liwat, Aki Jaya nyalingker ka satukangeun rungkun, dituturkeun ku Asmita, Atus jeung Gingin. Katempo anu limaan teh jlung-jleng kana rakit anyar, tukang rakitna mah naek pandeuri.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x