Baca Juga: Carnyam Putri Anjungsari
Sanggeus rada tengah, rakit katempo ngadadak ngageuleuyeung rada tarik kabawa cai, najan lajuna caina mah angger, henteu nyeot, angger saperti tadi waktu Aki Jaya jeung sabatur-batur meuntas. Tukang rakit, boh nu di hareup, boh nu di tukang, tembong tibeberegeh ngamudikeun galah sangkan rakit lajuna bener deui.
Galah nu dipake ku tukang rakit panghareupna katempo melenting, sarta marieus, siga nu potong. Atuh rakit teh teu bisa dibebener, lajuna beuki tarik, kawantu deukeut kana leuwi mah caina nyeot. Waktu rek kana leuwi, rakit siga nu neunggar batu nu teu kaciri kakeueum cai. Rakit ucutan, awina pabureuncay, talina lalesot.
Tukang rakit ngagarajleng kana leuwi, terus ngarojay ka sisi. Anu make baju prajurit satekah polah nincak kana sesa-sesa awi nu masih keneh ngahiji, ngan talina geus ungger. Awakna gagaleongan. Siga aya nu nongtak ti handap, anu limaan ujug-ujug ngagejebur kana cai. Roroesan sakeudeung. Lep wae teu tembong deui. Cai leuwi katempo rada motah.
Asmita, Atus, jeung Gingin colohok.
“Tulungan, Ki?” ceuk Asmita ka Aki Jaya.
“Kawasna moal kaburu, jeung moal bisa ditulungan ku urang wungkul,” tembal Aki Jaya.
“Bejaan atuh urang lembur,” Gingin mairan.
“Tukang rakit salamet, pasti ngabejaan urang lembur,” ceuk Aki Jaya.