“Pakeanana mah pakean prajurit, tapi naha teu bisa ngojay,” ceuk Atus.
“Kasima meureun, karek tumpak rakit,” tembal Asmita. “Tapi asa aneh, rakit bisa ucutan kitu. Lelewodeh pisan nyieunna. Teu mikirkeun kasalametan nu meuntas”
“Enya, nya,” Atus mairan, panonna mencrong ka lebah leuwi nu kaayaanana biasa deui. Tukang rakit geus teu tembong. Duka ka mana ngaleosna.
Aki Jaya ngareret ka Asmita jeung ka Atus.
“Omat ulah geruh, ulah bebeja ka sasaha,” pokna. “Engke oge urang bakal nyaho.”
Bari leumpang Asmita, Atus jeung Gingin uleng mikiran kajadian tadi, dipatalikeun jeung kajadian samemehna. Waktu anyar datang ka warung, di warung ukur aya tukang warung jeung pamajikanana. Torojol lalaki tiluan. Teu lila kadenge sora manuk tuweuw, lalaki nu tiluan gura-giru indit. Atus keur meuleum lauk rongheap nu tumpak kuda.
Turun tina rakit panggih jeung lalaki limaan make baju prajurit, leumpang rusuh, siga aya nu diudag. Tumpak rakit anyar. Rakitna kabawa ku lajuna cai, tepi ka leuwi, rakitna ucutan. Lalaki nu limaan titeuleum. Boa nu limaan teh keur ngudag nu tumpak kuda? Boa rakitna ngahaja dijieun teu weweg sangkan nu tumpakna cilaka?
Boa sabenerna mah nu limaan teh bisaeun ngojay, ngan kaburu aya nu ngarogahala manten. Sangkan naon eta teh? Sangkan nu diudagna salamet. Saha nu ngarogahalana? Bisa jadi nu boga lalakonna lalaki nu tiluan nu sanggeus ngadenge tuweuw gagancangan indit ti warung sarta kebat ka hilir, ka lebah leuwi. Gingin galecok dina hatena.
Saha atuh nu disalametkeunana? ***(Nyambung)