Putri Anjungsari (50), Ngaku Ngarasa keneh Urang Galuh, Kacurigaan ka Tukang Parahu Ilang

9 Maret 2023, 06:29 WIB
Putri /Budi Riyanto/Galura

SANGGEUS nangkubkeun parahuna, tukang parahu balik deui ka darmaga. Basa ngaliwat ka hareupeun Atus, ukur seuri bari unggeuk, teu ngomong nanaon, terus leumpang mapay jalan satapak nu brasna ka huma nu parena keur beukah. Leumpangna teh anca, henteu rusuh. Palebah pengkolan, teu katempo deui.

Atus gagancangan muru tukang parahu nu rek nganteur ka patilasan. Tukang parahu masih anjeucleu dina parahuna. Kawasna ngadagoan Atus, jeung geus neguh urang Kawali rek miang ayeuna. Nu matak henteu hanjat ti parahuna. Welahna oge masih dicekel, nahan parahu sangkan teu kabawa ku cai walungan.

“Ayeuna ka dituna?” ceuk tukang parahu sangggeus Atus deukeut.

Baca Juga: Ratu Sima ti Karajaan Kalingga, sanggeus Hwi Ning Nganjang, Raket Hubunganana jeung Cina

“Ayeuna,” tembal Atus. “Ari jalan darat teu bisa?”

“Bisa sabenerna, ngan jalanna rumpil, mapay luhur gawir nu gurawes, jeung rada muter. Peuting mah matak bahala, mapay sisi leuweung deuih,” tembal tukang parahu.

“Kitu, nya?” ceuk Atus. “Ke dagoan sakeudeung, rek ngabejaan.”

Atus balik deui ka handapeun tangkal lame. Teu lila geus datang deui bareng jeung Aki Jaya, Asmita, jeung Gin-Gin. Saurang-saurang, opatanana turun kana parahu. Ati-ati, sabab teu kawas rakit, parahu mah ditincak ku suku sabeulah teh dengdek, suku sabeulah deui geus nincak parahu, parahuna oyeg.

Baca Juga: Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

Diukna teh dua dua urang, Aki Jaya ngarendeng jeung Asmita, Atus jeung Gingin.  Sanggeus merenah, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin, karek sadar dariukna teh nukangan tukang parahu. Rada hemar-hemir, lantaran teu bisa nalingakeun tukang parahu, henteu bisa gancang ningal gerak-gerikna nu pikacurigaeun.

Basa nempo kana beungeut cai opatanana ngaremplong, parahu jeung nu narumpakna ngalan­kang, kasorot ku cahaya bulan, najan caangna masih keneh sapasi. Cai  walunganana herang, najan  henteu ngagenyas. Ongkoh deuih aliran caina henteu patik tarik, henteu nyeot, henteu kawas walungan di wewengkon tutugan Gunung Sawal. 

Parahu ngageuleuyeung, rada nyisi, henteu dikatengahkeun, meureun pedah di sisi oge walunganana jero. Najan sikepna mah tembong ayeum, Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin pinuh ku kawaspadaan. Bisi aya kajadian nu teu diharepkeun bisa gancang diungkulan, bisa gancang nadahna atawa nyinglarna.

Panon Atus jeung Gingin ngawaskeun ka sisi walungan beulah kenca nu rembet ku kakayon, malah loba nu ngaroyom ka walungan.  Panon Aki Jaya nitenan kaayaan walungan, panonna rarat-reret ka kenca jeung ka katuhu, ari ngalieuk ka tukang mah henteu. Asmita mah nengetan kalangkang tukang parahu.

Baca Juga: Urang Kanekes Lebak Banten Nyicingan Pagunungan Kendeng

“Daria karek tumpak parahu?” ceuk tukang parahu.

“Kungsi, ngan henteu mindeng,” tembal Aki Jaya.

“Paingan,” ceuk tukang parahu deui.

“Paingan kumaha?” ceuk Aki Jaya malik nanya bari ngalieuk ka tukang parahu.

“Siga anu hariwang,” tembal tukang parahu deui.

Baca Juga: Sastra Sunda Carnyam Legenda ti Ciamis, Putri Anjungsari (49), Ngabuktikeun Kacurigaan ka Tukang Rakit

“Enya, puguh,” ceuk Aki Jaya bari seuri. Seuri pedah tukang parahu bisa neguh dirina jeung Asmita, Atus, katut Gingin, nu neundeun kacurigaan ka tukang parahu, najan satekah polah disumputkeun oge.

“Sing jongjon wae, moal nanaeun  ieuh, komo daria urang Galuh. Ka urang Galuh mah tara aya nu wanieun heureuy, komo urang Pakuan mah ngajenan pisan ka urang Galuh teh,” ceuk tukang parahu daria. 

 “Naha?” Gingin panasaran.

“Dianggap kolot. Kawasna pedah Sri Baduga asalna ti Galuh, ti Kawali,” tembal tukang parahu.

“Ari andika asli dieu?” Asmita milu nanya.

“Enya. Ngan asup keneh urang Galuh,” ceuk tukang parahu bari seuri.

“Geuning?”

Baca Juga: Sistematika Pangajaran Syeh Abdul Muhyi ka Santri Dijieun buku ku Syeh Nurhuda

“Dumuk di wetaneun Citarum,” tembal tukang parahu. “Pan wetaneun Citarum mah asup ka Galuh, ari kuloneun Ci Tarum asup ka Sunda.”

“Aeh enya nya,” ceuk Asmita ditungtungan ku seuri. “Pada-pada ti Galuh atuh.”

“Tapi da jeung kuloneun Citarum oge sarua,” tembal tukang parahu.

“Sarua kumaha?” Gingin nyusul tepus.

“Taya nu cidra, kajaba….,” tukang parahu teu neruskeun caritana.

“Jaya Antea…,” ceuk Atus nuluykeun, sorana ngagerendeng, tapi kadarengeeun ku nu numpak parahu, kaasup ku tukang parahu.

Taya  nu nyarita deui, paheneng-heneng, siga nu kabawa ku seahna sora cai walungan nu sakapeung diwirahmaan ku sora manuk bueuk. Pikiranana kumalayang ka Pakuan Pajajaran. Kaciptaeun urang Pajajaran kiwari keur toh-tohan mertahankeun puseur dayeuhna bari kituna teh bisa disebutkeun nganti-nganti dawuh.

Mangtaun-taun urang Banten nu dibantuan ku Demak jeung Cirebon ngepung Pakuan Pajajaran, ngan teu mampuheun meruhkeun tanggohna benteng Pajajaran. Sanggeus Jaya Antea, mantri Pajajaran nu nyahoeun rusiah kakuatan jeung taktik Pajajaran, biluk ka Banten, urang Banten beuki ngangseg. Runtagna Pajajaran kari ngadagoan waktu.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler