Putri Anjungsari (13)

31 Januari 2023, 09:00 WIB
/

TADINA mah mah urang Banten téh nguntup Pakuan Pajajaran gampang direbutna sanggeus wewengkon di luareun bénténg bisa ditalukkeun tapi buktina mah hésé béléké, mangtaun-taun henteu bisaeun waé mubus bénténg Pakuan, malah rébuan prajuritna palastra.

Urang Cirebon, urang Demak nu mantuan ogé ampir taakkeun. Tacan manggihan jalan séjénna pikeun asup ka Pakuan Pajajaran. Banten yakineun urang Pajajaran boga jalan rusiah.

Urang Banten, kitu deui urang Cirebon jeung urang Demak, teu nyarahoeun ti saprak wewengkon di luar Pakuan Pajajaran bisa direbut, raja Pajajaran  saenyana mah geus henteu dumuk di Pakuan Pajajaran, tapi ngungsi ka Pulosari.

Kulawarga raja Pajajaran aya nu dibawa. Malah makuta Binokasih Sanghyang Paké ogé dibawa ka Pulosari, ngan batu Palangka Sriman Sriwacana paranti ngistrénan sakur raja Pajajaran nu henteu dibawa teh.

Seuweu raja nu ngagantina ogé diistrénana téh di pangungsian. Henteu dina luhur batu Sriman Sriwacana. Mahkuta Binokasih ogé henteu dipaké. Naraheun. Ngarasa dirina lain raja saperti Prabu Niskala Wastukancana jeung Sri Baduga Maharaja.

Dirina apaleun ti saprak Sri Baduga Maharaja, raja-raja Pajajaran henteu wanieun make éta mahkuta nu meunang ngaréka Prabu Bunisora keur pakéeun Niskala Wastukanaca waktu diistrénan jadi raja.

Najan cicing di pangungsian, tapi Prabu Nusia Mulya mindeng ngalongok ka Pakuan Pajajaran. Asupna téh maké jalan nu ukur dipikanyaho ku dirina, jeung kapercayaanana nu geus kauji kasatianana.

Malah raja ogé mindeng mingpin senopati jeung prajuritna dina nadah pasukan Banten, Cirebon jeung Demak, nu beuki ngangseg waé narajangna. Pasukan Banten nu daratang beuki loba waé jeung pakakas perangna beuki tohaga.

Raja kacida pisan ngangresna nempo senopati katut prajurit-prajuritna beuki lila beuki nyaeutikan alatan réa nu tilar jeung beuki karolot. Bantuan ti luar Pakuan Pajajaran saeutik pisan mun dibandingkeun jeung beuki réana pasukan Banten.

Tambah nalangsa waktu ngadéngé béja  salasahurang mantri kapercayaanana biluk ka Banten, dibibita mun Pakuan Pajajaran bisa dikawasa, dirina bakal diangkat jadi raja Pajajaran.

Raja maréntahkeun sangkan kulawadet karaton di mana perlu sagancang-gancangna ninggalkeun Pakuan Pajajaran. Teu kabéh tuhu kana paréntah raja, henteu rélaeun ninggalkeun para menteri, senopati, prajuritna nu keur nandonkeun nyawa mertahankeun Pakuan Pajajaran.

Kulawadet karajaan nu miang ti Pakuan Pajajaran téh dikawal jeung diaping ku prajurit pinilih. Masing kumaha ogé sakur nu ngaranna kulawadet karajaan boga kénéh getih raja.

Lain pagawéan énténg ngawal kulawarga raja miang ti Pakuan Pajajaran téh. Satungkebing wewengkon Pajajaran geus kaéréh ka Cirebon, geus dikawasa ku Cirebon. Juru telik sandi Cirebon aya di mamana. Prajurit Cirebon ngulincer di tempat-tempat anu sakira bakal jadi pangungsian kulawadet Pajajaran.

Bari jeung diojok-ojok ku Demak, Cirebon boga maksud numpurkeun sakabéh kulawarga karaajaan Pakuan Pajajaran, malah sakur nu aya patalina jeung Pajajaran atawa Kawali bakal dirurud tepi ka ledis.

Olot Kaya, Béna, Rait, jeung Ranah ogé ngawal Putri Anjungsari téh ibarat oray nyampeurkeun paneunggeul. Putri Anjungsari ngungsina ka Kawali, ka wewengkon tapel wates jeung Talagamanggung nu geus dikawasa ku Cirebon.

Najan kitu, Olot Kaya jeung nu tiluan, percayaeun rahayat nu dumuk di wewengkon  nu geus dikawasa ku Cirebon, tetep satia ka Pajajaran. Bakal buméla ka sakur rundayan jeung kulawadet Pajajaran.

Meunang sajongjongan leumpang bari taya nu nyarita saurang ogé, Olot Kaya ngarandeg sarta ngalieuk ka beulah lebak nu masih kénéh dibulen ku pependut janari leutik.

Éta lebak téh tadina lembur nu gegek, malah bisa disebutkeun geus jadi kota, aya alun-alun sagala. Loba urang luar nu ngadon bubuara di dinya, baretaheun. Pacabakan padumukna lain ukur kana tatanén, tapi ogé réa nu dagang.

Olot Kaya kungsi ditugaskeun di dinya, keur ngajaga kaamanan, dikapalaan ku senopati nu geus loba luang dina médan perang. Olot Kaya teu apaleun sabaraha  urang prajurit Pajajaran nu ditempatkeun di dinya téh. Nu jelas mah kawilang loba.

Éta lembur téh pernahna teu pati jauh ti bénténg Pakuan Pajajajaran. Anu rék ka Pakuan Pajajaran tinangtu ngaliwat heula éta lembur, anu matak raja ngarasa perlu nempatkeun prajuritna di dinya.

Lembur nu tingtrim téh hiji mangsa ngadadak bangreung, subuh-subuh ngaleut ngeungkeuy pasukan Banten, aya nu leumpang aya oge tarumpak kuda. Ari prajurit Pajajaran ti beurangna ogé geus tatan-tatan lantaran geus ngadéngé iber pasukan Banten bakal téréh tepi ka dinya.

Ngan rahayat mah henteu dibéjaan, ukur lurah-lurahna nu diiberan téh,  sangkan caringcing pageuh kancing, sarta dina waktuna kudu maju di médan perang. 

Pikiran Olot Kaya kumalayang waktu dirina bareng jeung prajurit nu sapantar ngamuk nguwik-ngawik ngalawan pasukan Banten nu daratangna teu sirikna merul, lir nu henteu saat-saat.

Ku sabab pasukan Banten leuwih loba, prajurit Pajajaran dina ngalawanna henteu nerag. Pasukan Banten sina paburencay ku cara sina ngudag prajurit Pajajaran ka tempat anu dipaké pitapak. Di dinya, prajurit Pajajaran samemena mérénan Pasukan Banten.

Sakali dua kali mah mémang hasilna matak ngarentagkeun pasukan Banten, tapi pasukan Banten ogé lain pasukan atah-atah, lain pasukan nu kakara harita maju di médan perang.

Tambah deui kakuatan pasukan Banten tétéla lain bantrak-bantrakan, prajurit Pajajaran loba nu tiwas, malah senopati nu jadi panglimana, Tohaan Ratu Sangiang, perlaya. Anu ngagantina, Tohaan Saréndét ogé sarua tilar alatan dibongohan ku pasukan Banten.

Prajurit Pajajaran nu masih nyésa nyalametkeun diri, lain lumpat, tapi ku cara nyamur ngahiji jeung rayat. Teu hésé keur prajurit Pajajaran mah kudu kawas somahan téh, lantaran dina sapopoéna ogé tara némbongkeun dirina prajurit.

Kaayaan keur aman mah prajurit Pajajaran teu béda jeung umumna kahirupan rayat, aya nu tatanén, dagang, nyieun pakakas tatanén, jeung sajabana. Prajurit Pajajaran ogé loba nu ahli dina ubar. Unggal prajurit Pajajaran bogaeun tempat rusiah keur nyumputkeun pakakas perangna.

Olot Kaya ragrag cimata waktu nempo kaayaan lembur nu burakrakan balukar perang. Lembur nu digenah-genah sangkan padumukna baretaheun, jarongjon arusaha sacabak-cabakna, tiis ceuli hérang mata, sakedét nétra jadi pikaketireun.

Loba imah nu ruksak, malah teu saeutik nu dihuru ku pasukan Banten, murang-maring alatan prajurit Pajajaran sok ngadadak lus-les laleungitan sarta mun diudag réa pasukan Banten nu tilar atawa tatu. Padumukna loba nu langsung ngungsi, nu dibawana ukur baju dibuntel ku kaén.

Prajurit Pajajaran mah, kaasup Olot Kaya, meunang sababaraha poé tetep caricing di lembur, bareng jeung rayat nu masih kénéh aya, ngumpulkeun layon-layon prajurit Pajajaran jeung layon rayat, diteundeun ngajajar di luhureun suluh nu ngahaja ditumpukeun.

Layon-layonna téh terus diduruk. Seuneu ngabebela beurang peuting, lantaran kapanggihna layonna nungtut, médan perangna salega lembur malah tepi ka sisi leuweung. Lebuna, pikeun sarat wungkul, diwadahan, diawurkeun ka walungan.

Pasukan Banten henteu opénan, lantaran lamun layon diantep, bakal ngabalukarkeun sasalad kasakit. Ongkoh deuih, pasukan Banten ogé sarua naréangan prajuritna nu tilar.

Olot Kaya jeung baturna mindeng ngabéjaan urang Banten tempat layon prajurit Banten ngagolér, nyahoeun téh pédah loba prajurit nu tilar alatan taktik arinyana.

Urang Banten dina ngurus layon prajurit béda jeung urang Pajajaran. Henteu diduruk, tapi dikubur dina lombang nu lega, jerona aya kana saméter.

Layon prajurit Banten téh dikuburna jeung pakéan-pakéanana, ngajajar, disanggigirkeun malik ngalér. Geus kitu diurug ku taneuh.

Sanggeus dirasa kabéh layon prajurit Pajajaran diurus samistina, Olot Kaya jeung prajurit Pajajaran séjénna milu jeung abringan rayat nu ngungsi.

Lembur nu tadina gegek téh jadi coréngcang, ngan ukur sababaraha suhunan nu padumukna henteu ninggalkeun lemburna. Lembur téh jadi dieusian ku pasukan Banten.

Urang lembur nu tadina maksakeun manéh moal incah balilihan ti tempat banjar karang pamidanganana barang nengetan aadatan pasukan Banten nu béda, jadi leuwih milih ninggalkeun lemburna.

Olot Kaya sabatur-batur sanggeus jauh ti lembur, misahkeun manéh, di tempat anu hara-haraeun, sarta neruskeun lalampahanana ngajujug tempat anu tara kasaba ku urang lembur.

Meunang dua poé dinya, tengah peuting aya nu néang, terus dibawa ka dayeuh Pakuan Pajajaran, maké jalan nu dirusiahkeun pisan. Barang anjog ka Pakuan Pajajaran, Olot Kaya nampa béja Prabu Nilakéndra miang ka Pulosari, sabada nampa laporan prajurit Pajajaran kasoran.

Olot Kaya ti harita teu kungsi kaluar deui ti Pakuan Pajajaran. Unggal pasukan Banten narajang bénténg Pakuan Pajajaran, inyana  maju panghareupna. Satékah polah ngabendung pasukan Banten nu hayang ngawasa dayeuh Pakuan Pajajaran.

Kituna téh mangtaun-taun. Umurna ngolotan dina maju juritna henteu ngandelkeun tanaga kasar. Mindeng emok cabok teu jauh ti bénténg Pajajaran, panonna peureum bari kunyam-kunyem mapatkeun pamakéna keur macikeuh prajurit Banten nu terus-terusan hayang ngarebut bénténg.

Sakapeung mah luut-léét késang, ambekanana tepi rénghap ranghap ranjug, sakapeung mah sok tepi ngagolépak ngalémpréh.  Ti pasukan Banten teu saeutik nu satékah polah meruhkeun kakuatan nu dikaluarkeun ku Olot Kaya.

Ngan ku sabab, ti Pajajaran nu kawas Olot Kaya henteu hiji jeung sok silihtulungan, Olot Kaya tara tepi ka bobor karahayuan.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler