Ketua Yayasan Kartika Jaya Cabang XIX Siliwangi ngaresmikeun TK Kartika XIX-33

- 27 Juni 2024, 10:34 WIB
Ketua Yayasan Kartika Jaya Cabang XIX Siliwangi Ira M. Fadjar ngaresmikeun renovasi pangwangunan Sekolah TK Kartika XIX-33, di Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (25/6/2024).
Ketua Yayasan Kartika Jaya Cabang XIX Siliwangi Ira M. Fadjar ngaresmikeun renovasi pangwangunan Sekolah TK Kartika XIX-33, di Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (25/6/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ketua Yayasan Kartika Jaya Cabang XIX Siliwangi Ira M. Fadjar ngaresmikeun renovasi pangwangunan Sekolah Taman Kanak-Kanak (TK) Kartika XIX-33, nu lokasina di Jalan KH Abdul Halim Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (25/06/2024).

Proses renovasi lain ngan saukur nangarakeun wajah baru dina gedong, tapi oge ngaronjatkeun fasilitas sakola sakabehna. Guru sarta murid TK Kartika XIX-33 geus teu kaganggu deui ku soara gandeng sakumna pagawe bangunan, lantaran gedong sakola  geus rengse direnovasi.

Renovasi pangwangunan TK Kartika XIX-33  geus rengse, peresmian ditangaraan ku ditandatanganna prasasti jeung gunting pita ku Ira dibarengan Ketua Yayasan Kartika Jaya Koordinator Kodim 0617 Majalengka Lollytha.

Nalika dikonfirmasi, Lollytha nyebutkeun, ku direnovasina TK Kartika XIX-33 bisa mere pelayanan anu leuwih hade tur kualitas pikeun panyalagraan pendidikan anak-anak.

Lollytha oge cumeluk, mangpaatkeun jeung jaga kalayan hade sarana jeung prasarana anu geus disadiakeun ku yayasan jeung pangelola lantaran  tanggungjawab sarerea.

“Sacara umum, ku ayana TK Kartika XIX-33  dipihareo tiada maparinan kontribusi dina ngadidik murangkalih di wilayah Majalengka, supados tumuwuh motekar janten generasi anu hebat," ceuk Ira.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah