Pilkada 2024, Pangdam III Siliwangi: TNI Netral, Tapi Tetep Ngajaga Kondusifitas

- 26 Juni 2024, 09:53 WIB
Pangdam III Siliwangi, Mayjen TNI Mohammad Fadjar.
Pangdam III Siliwangi, Mayjen TNI Mohammad Fadjar. /Ayank /galura.co.id

 

GALURA.CO.ID –Ku digelarna Pilkada Serentak 27 November 2024 Pangdam III Siliwangi, Mayjen TNI Mohammad Fadjar mastikeun TNI geus ngalaksanakeun sababaraha antisipasi sangkan pesta demokrasi lumangsung lungsur-langsar.

"Tarekahna TNI ngutamikeun komunikasi sosial (Komsos) ka masarakat, sareng bakal teras masihan pendewasaan politik ka masarakat," ceuk Mayjen TNI Mohammad Fadjar nalika kunjungan kerja di Makodim 0617/Majalengka, Salasa sore (25/06/2024).

Pangdam nandeskeun TNI dina Pilkada  netral. "Namung dina ngajagi kondusifitas wilayah, tangtosna TNI bakal nyarios politik ka masarakat dina konteks politik negara," ceuk Pangdam III Siliwangi.

Ngeunaan Majalengka nu ngan mibanda 17 Koramil ti 26 kecamatan nu aya di Kabupaten Majalengka, Pangdam mastikan hal eta teu aya pasualan. "Tiasa ngacover sakumna kecamatan nu aya di Kabupaten Majalengka," pokna.

Hartina, ceuk Pandam, memang aya hiji koramil nu meunang tugas di dua kecamatan.

"Ka payunna TNI bakal ningal dinamika masarakat pon kitu deui tumuwuhna daerah. Tina kituna organisasi nu aya di Kodim bakal disaluyukeun  sareng kaayaan daerah," ceuk. Pangdam III Siliwangi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah