Pamaredih Asosiasi Guru Honorer Bahasa Daerah Seluruh Indonesia Perkara Formasi ASN keur Guru Bahasa Sunda

- 16 April 2024, 10:44 WIB
Asosiasi Guru Honorer Bahasa Daerah Seluruh Indonesia (AGHBDSI) Jawa Barat nganggap kawijakan Provinsi Jawa Barat perkara formasi ASN dina PPPK  taun 2024 masih jauh tina harepan guru honorér di sakola-sakola negeri, husuna guru Bahasa Sunda.
Asosiasi Guru Honorer Bahasa Daerah Seluruh Indonesia (AGHBDSI) Jawa Barat nganggap kawijakan Provinsi Jawa Barat perkara formasi ASN dina PPPK taun 2024 masih jauh tina harepan guru honorér di sakola-sakola negeri, husuna guru Bahasa Sunda. /

GALURA.CO.ID -Asosiasi Guru Honorer Bahasa Daerah Seluruh Indonesia (AGHBDSI) Jawa Barat, sakumaha  dina press release nu katarima ku Galura, nganggap kawijakan pamarentah Provinsi Jawa Barat lebah dieu Bidang Guru dan Tenaga Kependidikan (GTK) Dinas Pendidikan (Disdik) Jabar perkara formasi ASN dina PPPK taun 2024 masih jauh tina harepan guru honorér di sakola-sakola negeri.

Hususna keur guru honorér negeri mapel Bahasa Sunda anu geus mangtaun-taun nempél kana formasi séjén kudu ngégél curuk deui baé. Dina taun 2024 Pemprov Jabar ngararancang mémerés heula prioritas pelamar kahiji atawa anu sok disebut P1 ti formasi P3K taun 2022. Éta hal téh tangtuna baé patukangtonggong jeung Undang-Undang nomer 20 taun 2023 ngeunaan ASN.

Asosiasi mandang dina eta aturan, format P1, P2, P3, jeung P4 sakumaha dina Peraturan Menteri Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi Republik Indonesia Nomor 20 Tahun 2022 pasal 4 jeung 5 geus teu dipaké deui.

Baca Juga: Ceuk Kadiskominfo, Ieu Dua Kawijakan Bupati Bandung dina Tarèkah Ngamumulè Basa Sunda

Perkara lianna: munculna katégori P1 téh tétéla réréana mah lain ti guru-guru honorer anu babakti di sakola-sakola negeri. Aturan anyar nétélakeun anu dimaksud ku ngaréngsékeun guru non-ASN nepi ka Desember taun 2024 téh Guru Non-ASN nu aya di sakola negeri sakumaha nu disebutkeun dina Pasal 66 UU Nomor 20 tahun 2023 ngeunaan ASN.

Ku kituna AGHBDSI Jawa Barat meredih sangkan kawijakan dirobah. Asosiasi mere omber nepi ka tanggal 20 April 2024. Salasa, 16 April 2024 dirarancang audiénsi jeung Kepala Bidang GTK Disdik Jawa Barat. Aya sababaraha tuntutan nu bakal ditepikeun tur dijadikeun ultimatum pikeun parobahan kawijakan nu bisa méré rasa adil ka guru honorér Bahasa Sunda di lingkungan Provinsi Jawa Barat.

Pamaredih AGHBDSI Jawa Barat:

  1. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kudu tuhu kana aturan anyar sakumaha nu nu kaunggel dina UU nomor 20 tahun 2023 ngeunaan ASN. Aturan saméméhna teu bisa diterapkeun deui dina tau 2024. Status P1, P2, P3, jeung P4 otomatis dieuweuhkeun;
  2. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kudu ngaheulakeun guru non-ASN nu geus babakti jeung ngajar mangtaun-taun di SMA-SMK Negeri pikeun diangkat jadi ASN;
  3. Ngafasilitasan sakabéh kuota nu dipasrahkeun ku Asosiasi minangka dadasar diangkatna guru Bahasa Sunda jadi ASN;
  4. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kudu proaktif tur tuluy ngupayakeun formasi ASN guru Bahasa Sunda lantaran lobana kabutuhan di sakola-sakola. Saupama Pemprov Jawa Barat henteu ngupayakeun sakabéh tuntutan, hartina ngarempak UU.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x