IKWI Kabupaten Bandung-DWP Diskominfo Babagi Tajil Gratis ka Warga nu Ngabuburit di Palataran Masjid Al-Fathu

- 6 April 2024, 08:23 WIB
IKWI Kabupaten Bandung ngayakeun deui kagiatan Ramadan Berkah IKWI Berbagi, ngabagikeun  ratusan  tajil   ka warga nu  keur  ngabuburit di sabudeureun  Masjid Al Fathu Soreang, Jumaah , 5 April 2024.
IKWI Kabupaten Bandung ngayakeun deui kagiatan Ramadan Berkah IKWI Berbagi, ngabagikeun ratusan tajil ka warga nu keur ngabuburit di sabudeureun Masjid Al Fathu Soreang, Jumaah , 5 April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Kabupaten Bandung ngayakeun deui kagiatan Ramadan Berkah IKWI Berbagi, ku ngabagikeun ratusan paket tajil ka warga nu keur ngabuburit di sabudeureun Masjid Al Fathu Soreang, Jumaah, 5 April 2024.

Kagiatan ngabagi tajil gratis  babarengan antara IKWI  jeung Dharma Wanita Dinas Komunikasi dan Informatika (DW Diskominfo) Kabupaten Bandung.

Ketua DWP Diskominfo Kabupaten Bandung, Yully Suzana Dewi nètèlakeun, pihakna kacida ngapresiasi kegiatan Ramadan Berkah IKWI Berbagi. Pokna, kolaborasi jeung DWP Diskominfo, dina hal nu kacida mangpaatna.

Baca Juga: Romadon Barokah IKWI Berbagi, Manaqiban di Pesantren Hidayatul Hikmah Jadi Istimewa

"Simkuring, Ketua DWP Diskominfo Kabupaten Bandung kacida ngapresiasi kegiatan IKWI Kabupaten Bandung nu tos kolaborasi sareng DWP Diskominfo dina kagiatan babagi takjil gratis di tungtung bulan suci Romadon ieu," ceuk Yully satutas ngabagi 100-an paket tajil..

Istri ti Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha teh miharep ieu kagiatan  bisa leuwih ningkatkeun panilih ka papada umat muslim. "Mugia janten rahmat sareng ridho Allah SWT, aamiin," pokna Yully.

Ketua IKWI Kabupaten Bandung Yeni Herlina nambahan, kagiatan babagi tajil  teh runtuyan kagiatan IKWI Kabupaten Bandung di Bulan Romadon.

Samèmèhna IKWI Kabupaten Bandung ngayakeun kagiatan nyantun 100 budak yatim jeung kaum dhuafa di Pesantren Hidayatul Hikmah, Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Jumaah, 23 Maret 2024.

Yeni ngarasa reueus dina kagiatan babagi tajil sabab bisa babarengan jeung DWP Diskominfo Kabupaten Bandung tepi ka nambah sumanget pangurus IKWI pikeun terus ngayajeun kagiatan nu mangpaat boh keur IKWI boh  keur masarakat Kabupaten Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x