Pamariksaan Pap Smear Gratis, Rukun Gawé IKWI Jabar jeung Kimia Farma  

- 25 November 2023, 05:51 WIB
Réngréngan Pangurus IKWI Jawa Barat jeung Kimia Farma ngayakeun pamariksaan Pap Smear jeung Diabetes Mellitus gratis, di Aula PWI Jawa Barat, Jalan Wartawan II No 23, Kota Bandung, Jumaah 24 Nopémber 2023.*
Réngréngan Pangurus IKWI Jawa Barat jeung Kimia Farma ngayakeun pamariksaan Pap Smear jeung Diabetes Mellitus gratis, di Aula PWI Jawa Barat, Jalan Wartawan II No 23, Kota Bandung, Jumaah 24 Nopémber 2023.* /Dok. PWI Jabar/Galura/

 

 

GALURA.CO.ID. - Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat rukun gawé jeung Kimia Farma ngayakeun pamariksaan Pap Smear jeung Diabetes Melitus gratis kalayan bonus pamariksaan  kulit ngagunakeun Metode LED Skin Analyzer & Whole Body cek up Metode Quantum.

Kagiatan dilaksanakeun di Aula Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat, Jalan Wartawan II No 23, Kota Bandung, Jumaah 24 Nopémber 2023.

Ketua IKWI Jabar, Jiean Ajiyanpi Novalia, dina biantarana ngabagéakeun éta kagiatan, sarta kacida ngaaprésiasi kana partisipasi ibu-ibu anu milu kagiatan.

Baca Juga: PWI Majalengka Gelar Aksi Sosial Ngagalang Dana Peduli Palestina

Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia (kaopat ti kenca), jeung réngrénganana.*
Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia (kaopat ti kenca), jeung réngrénganana.*

“Ieu kagiatan mangrupi bukti nyata mangpaatna IKWI kanggo masarakat,” ceuk Jiean Ajiyanpi Novalia.

Sajeroning kitu, Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat ngahaturkeun nuhun ka Kimia Farma pikeun rukun gawé anu positif utamana pikeun kaséhatan ibu-ibu.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x