Romadon Barokah 'IKWI Berbagi', Manaqiban di Pesantren Hidayatul Hikmah Jadi Istimewa

- 23 Maret 2024, 04:37 WIB
Manakiban di pasantren Hidayatul Hikmah Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung  (22/03/2024).
Manakiban di pasantren Hidayatul Hikmah Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung (22/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Saban tanggal 11 dina taun Hijriyah, Pasantren Hidayatul Hikmah Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung ngayakeun manaqiban.

Danget ayeuna, ninggang tanggal 22 Maret 2024 aya nu istimewa acara nu maneuh digelar di pesantren nu dipupuhuan ku KH. Asep Hadimi (Mang Abah) teh.

Istimewana, lantaran dilaksanakeun pas bulan suci Romadon, kadatangan Syech Ibrahim Mahmoud Mustafa Abu Mahmoud, ulama ti Palestina nu ngalakukeun Safari Ramadhan bari umajak nolih Palestina ku ngagalang dana dana babarengan Badan Amil Zakat Nasional (Baznas) Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Di Pasantren Hidayatul Hikmah, Kutawaringin, Kab. Bandung, Artis Shania Babagi Rejeki ka Budak Yatim

Iwal ti kitu, dieuyeub-euyeub ogè ku santunan Ikatan Keluarga Wartawan Indonesai (IKWI) PWI Kabupaten Bandung nu dipupuhuan ku Yeni Herlina ka 100 budak yatim jeung kulawarga kurang mampuh.

Ieu Kagiatan ogè diluuhan PWI Kabupaten Bandung nu diwakili ku Wakil Ketua Bidang Kesra, H. Ayi Purnama, Bidang Pendidikan, Rd. Dani Rahmat Nugraha, Sekertaris 2 Dadang Darmawan tur rewuan jamaah boh warga sabudeureun boh luar daerah.

KH. Asep Hadimi ngabagèakeun saha waè tamu nu hadir di majelisna. "Alhamdulilah seueur jamaah ayeuna nu hadir. Simkuring ngabagèakeun. Nu sumping aya ti Banten, Bogor, Cianjur, Jakarta, Tangerang, Serang, samalah ti kalimantan ogè aya,"  pokna.

KH. Asep Hadimi ogè nganuhunkeu ka Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat jeung kulawargana nu geus nyisihkeun sabagèan hartana jang barudak yatim.

"Mugia adi amal jariah. Pak Hilman,.dipapariin kesehatan, rizkina dilipet gandakeun pahalana.," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x