Ratusan Guru  PPPK Aub dina Orientasi Keur Ngaronjatkeun Disiplin

- 3 April 2024, 16:00 WIB
Ratusan Guru PPPK di Kanbupaten Bandung aub kana orientasi di Gedung Moch Toha Soreang, Salasa, 2 April 2024.
Ratusan Guru PPPK di Kanbupaten Bandung aub kana orientasi di Gedung Moch Toha Soreang, Salasa, 2 April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemkab Bandung palebah dieu Badan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) ngayakeun orientasi keur Pegawai Pemerintah dengan Perjanjian Kerja (PPPK) gelombang ka-4, 5 jeung 6 di Gedung Moch Toha Soreang, Salasa, 2 April 2024.

Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung, Cakra Amiyana, ngawakilan Bupati Bandung, Dadang Supriatna nètèlakeun, orientasi PPPK  rukun gawè jeung Pusdikajenad (Pusat Pendidikan Ajudan Jendral).

"Kana 540 PPPK tenaga guru dididik di Pusdikajenad dina raraga ngaronjatkeun disiplin, motivasi sareng soft skill sanèsna," ceuk Cakra Amiyana.

Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui

Cakra Amiyana nyebutkeun guru PPPK  dipeuseuh  ngawangun gawé bareng tim, ngaronjatkeun loyalitas, inovasi, adaptasi jeung sajabana. Dipiharep engkè para guru  ngaladènan masarakat tiasa langkung optimal sareng ngahasilkeun peserta didik nu langkung punjul," pokna.

Luyu jeung arahan Bupati Bandung Dr. HM. Dadang Supriatna, ceuk Cakra, Bupati Bandung amanat  ka Pusdikajenad pikeun ngadidik para peserta Orientasi PPPK sangkan mibanda kadisplinan.

"Teu kaduh mental nu cengeng. Mibanda mutu kanggo ngatik siswa-siswa sakola," ceuk Cakra Amiyana.

Komandan Latihan Pusdikajenad Kolonel Caj Endi Zubaidi Anshori nètèlakeun, samèmèhna Pusdikajenad geus gawè bareng jeung Pemkab Bandung, utamana jeung BKPSDM Kabupaten Bandung dina proses pendidikan ka para calon  PPPK.

Baca Juga: Kamandang Ketua FDGH Kabupaten Bandung Ngeunaan Honorer jeung PPPK patalina jeung UU ASN No. 20 Tahun 2023

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x