Klakson Telolet, Teu Meunang, Peun

- 29 Maret 2024, 11:00 WIB
/

 

GALURA.CO.ID - Polres Majalengka ngalarang beus ngagunakeun klakson telolet atawa basuri di Kabupaten Majalengka, Jawa Barat. Klakson tolelat dianggap ngaganggu tur ngabahayakeun lalu lintas.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., Netelakeun, sosialisasi teu meunang nyadakeun klakson telolet geus dilaksanakeun di sajumlah tempat, kaadup di puseur-puseur balanja, terminal, jeung tempat umum lianna.

"Ieu kangge ngajamin kaamanan, katartiban, jeung kasalametan sakumna pangendara jeung masarakat Kabupaten Majalengka," ceuk Kapolres, ditepikeun ku Kasat Lantas AKP Mochammad Ali, S.H., M.M.

Baca Juga: Tim Itwasda Polda Jabar Gelar Kagiatan Pengawasan Operasi Pekat I Lodaya 2024 di Polres Majalengka

Disebutkeun Kasat Lantas, telolet geus ngabalukarkeun ngariungna budak di sababaraha ruas ngan saukur keur ngadengekeun soara klakson.

Hal ieu mibanda potensi ngaganggu lalu lintas tur ngabalukarkeun kamacetan satuluyna bisa kajadian kacilakaan."Kawilang bahaya," Ceuk Kasat Lantas Polres Majalengka.

Klakson geus diatur dina Peraturan Pemerintah Nomor 55 Taun 2012 ngeunaan Kendaraan. Pasal 69 dina peraturan nyebutkeun soara klakson anu diizinan mibanda rentang antara 83 nepi 118 desibel. Pelanggaran kana aturan eta bakal dikeunakeun sanksi denda anu gedena Rp 500 ribu.

Polres Majalengka miharep bisa nyiptakeun lingkungan lalu lintas anu leuwih aman tur tartib.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x