Anggota DPRD Kabupaten Bandung Ir. Aep Dedi Ngelingan Nonoman sangkan Nolih Lingkungan

- 16 Maret 2024, 08:00 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Ir. Aep Dedi.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Ir. Aep Dedi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Ir. Aep Dedi nepungan kontstituenna dina salasahiji tina opat titik reses Masa Sidang II Tahun 2024 DPRD Kabupaten Bandung.

Konstituen ti Dapil 2, nu ondang di salasahiji kafe di Kecamatan Katapang,  Juma'ah, 15 Maret 2024, ti Kecamatan Margahayu jeung Margaasih.

Ir Aep Dedi nganuhunkeun ka warga nu geus mercaya deui dirina jadi anggota DPRD katilu periode.

Baca Juga: Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngajurung Pemkab Ngawangun Gedong Arsip ATR BPN

Aep Dedi ogè amanat ka para nonoman nu ngaluuhan reses sangkan nolih kana lingkungan. "Upami aya kagiatan kerja bakti di RT atanapi RW kedah aub, " ceuk Ir. Aep Dedi.

Iwal ti kitu, Aep Dedi ogè nyumangetan para nonoman sangkan sangkan sumaget lamun boga cita-cita, sok sanajan numutkeun kaayaan teu ngamungkinkeun.

"Teu kenging penggas harepan ku kaayaan kumaha waè. Upami palay jadi anggota dewan upamina, sumanget wè. Simkuring ogè teu ngimpèn-ngimpèn acan janten dewan, tapi ku margi aktif di masarakat, ngarayap ti handap, ti BPD. Alhamdulillah ayeuna janten dewan katilu periode," ceuk Tedi.

Reses Aep Dedi  reses pamungkas dina mangsa periode 2019-2024. Baris reses deui satutas dilantik anggota DPRD periode 2024- 2029, Agustus 2024.

Aep Dedi anggota DPRD pangseniorna di Dapil 2. Inyana mimiti jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung taun 2014.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x