Nyiar Solusi Hade, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Musyawarah jeung Warga

- 23 Februari 2024, 19:00 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung perangkat desa katut masarakat  musyawarah keur koordinasi karya bakti dina ngarojong kagiatan TMMD, tempatna di Blok Sukamanah, Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung perangkat desa katut masarakat musyawarah keur koordinasi karya bakti dina ngarojong kagiatan TMMD, tempatna di Blok Sukamanah, Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung perangkat desa katut masarakat satempat ngalaksanakeun musyawarah keur koordinasi karya bakti dina ngarojong kagiatan TMMD, tempatna di Blok Sukamanah, Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting.

Dina eta kagiatan Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Bati Bakti TNI Siter Kodim 0617/Majalengka Serka Riyan nyebutkeun, musyawarah teh keur koordinasi ngeunaan situasi tur kondisi cuaca nu digebyeg ku hujan.

"Hal eta kangge nyiar solusi, atanapi jalan panghadena ti sababaraha pihak babakuna ti Kepala Desa, perkawis ngaubkeun warga, kaperyogian material, pon kitu deui kamanunggalan antawis TNI sareng warga," ceuk Serka Riyan.

Baca Juga: TNI-Polri Ngawal Pergeseran Kotak Soara Hasil Pleno ti PPK ka Gudang Logistik KPU

Di hareupeun sakumna perangkat desa jeung masarakat Desa Cipasung, Serka Riyan netelakeun, dina palaksanaan sasaran fisik program TMMD, kudu ngutamakeun kagotong royongan antara TNI jeung masarakat kalayan nyanghareupan kondisi usum mijih.

“Janten mayunan kondisi usum mijih danget ieu, hayu urang sadayana nyiar solusi panghadena dina ngerahkeun personel, babagi tugas di lapangan, ngandistribusikeun material, supados padamelan langkung maksimal," ceuk Serka Riyan.

Serka Riyan nyebutkeun tampa ayana musyawarah, hese neangan solusi. "Ku musyawarah, tangtosna mendakan solusi," pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x