HPN 2024, Jitu Ngagelar Dialog sacara Daring: Wartawan nu Nyekel Panceg KEJ Moal Bèngkok

- 23 Februari 2024, 15:56 WIB
Sajumlah wartawan aub dina dialog HPN 2024 nu diayakeun JITU di Soreang, Kabupaten Bandung, 23 Pebruari 2024 burit.
Sajumlah wartawan aub dina dialog HPN 2024 nu diayakeun JITU di Soreang, Kabupaten Bandung, 23 Pebruari 2024 burit. /Sopandi/galura co.id

GALURA.CO.ID -Ketua Musyawarah Kerja Kepala Sekolah (MKKS) SMA Bandung Barat,
Lina S.Pd M.T ngawilujengkeun Hari Pers Nasional (HPN) 2024 ka insan pers.

Inyana miharep pers kiwari mingkin sehat, tur para wartawan dina ngajalankeun profesi jurnalistikna nyekel panjeg kana kode etik jurnalistik.

Inyana kungsi nyanghareupan oknum wartawan nu ngancam jeung ngintimidasi. Tapi inyana ngaku percaya ka wartawan nu panceg nyekel pageuh tur paham kana Kode Ètik Jurnalistik (KEJ) mah moal bèngkok.

Baca Juga: HPN 2024, PWI Kabupaten Bandung Nyalurkeun 1000 Paket Beas jeung Minyak Goreng ti Bupati Bandung

Kituna ditepikeun Lina dina acara dialog
Hari Pers Nasional (HPN) 2024 nu diayakeun ku komunitas nu ngaku "Jurnalis Independen Bersatu" (Jitu) nu diiluan ku sajumlah awak media cetak, elektronik, online, katut TV.

Dialog daring (online) dipuseurkeun di Sekretariat Jitu, Jalan Kopo Km 17, Terusan Al-Fathu, Linggahara 2 F 12 Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 23 Pebruari 2024 burit.

Jejer dialog sosial: Pendidikan, Kebudayaan, Ekonomi & Keagamaan kalayan ngasongkeun sababraha urang nara sumber. Di antarana: Hanung Cahyo Saputro S.STP, M.Si /Pj Bupati Banyumas Jawa Tengah, Dr. H. Dedi Sopandi S.STP, M.Si ( Pj Bupati Majalengka Jawa Barat).

Anu sejenna: H. Saefudin, S.H (Ketum Satria Praja Banyumas), Dr. Hj. Umnia Labibah M.Si (Pengurus Jamiyyah Perempuan Pengasuh Pesantren jeung Mubalighoh Jawa Tengah), jeung Lina S.Pd M.T (Ketua Musyawarah Kerja Kepala Sekolah SMA Bandung Barat).*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x