Tarèkah Ngaronjatkeun Kualitas Kinerja, Bapenda Kabupaten Bandung Narima Usul Forum Perangkat

- 23 Februari 2024, 13:40 WIB
Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, H. Erwan Kusuma, S.Sos., M. Si dipoto bareng jeung pamilon gempungan.
Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, H. Erwan Kusuma, S.Sos., M. Si dipoto bareng jeung pamilon gempungan. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, H. Erwan Kusuma Hermawan , S.Sos, M.Si nètèlakeun, pikeun ngaronjatkeun mutu dina ngokolakeun  kinerja Bapenda Kabupaten Bandung dina ngadukung pamantepan daya saing daerah, pihakna ngayakeun riungan jeung Forum Perangkat Daerah di Hotel Sutan Raja Soreang, kamari.

Udaganana pikeun ngararancang Rencana Kerja Badan Pendapatan Daerah Kabupaten Bandung Taun 2025.

"Ieu acara  saban taun diayakeun kanggo ngali kakurangan dugi ka tiasa ngaevaluasi program katut kagiatan naon nu bakal diimplementasikeun dina taun 2025 engkè, " ceuk Erwan dina lolongkrang acara.

Baca Juga: Masjid Jami Mamba’ul Huda di Cugenang nu Kungsi Ancur Balukar Gempa Bumi Cianjur Ayeuna Ngadeg Deui

Acara ogè, ceuk Erwan pikeun ngawadahan aspirasi, saran, usulan, katut kamandang ti para stekholder pikeun ngaronjatkeun pajeg daerah.

"Simkuring miharep hal ieu jadi forum kamandang kumaha di 2025 engkè, kanggo engkè ngaenggalkein pemasukkan kas daerah ti sektor pajak. Mugia naon-naon nu janten target kahontal," ceuk Erwan.

Erwan cumeluk ka warga sangkan tumut mayar pajeg, lantaran tina pajeg keur pangwangunan di Kabupaten Bandung Bedas.

" Prioritasna kumaha tarèkah intensifikasi jeung ekstensifikasi para wajib pajak, hususna nu aya patalina jeung data data ti 10 mata pajeg luyu jeung peraturan daerah, " ceuk Erwan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah