GALURA.CO.ID -Lobana 199 guru ngaji di Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, poè ieun, Kemis, 22 Pebruari 2024 narima bantuan sosial mangrupa bèas 5 kilo jeung daging 1/2 kilo ti Pemda Bandung.
Pamasrahan bansos dilakukeun di aula Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung.
Samèméhna , Bupati Bandung, masrahkeun bansos secara simbolis jang para guru ngaji di Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 9 Pebruari 2024.
Paket bantuan jang guru ngaji sakabupaten Bandung tèh kana 15.666.
Ditepikeun Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania, ngabagikeun bantuan sosial pikeun elemen masarakat Kabupaten Bandung tèh dirèngsèkeun samèmèh bèak bulan Februari ayeuna.*** Sopandi