Silaturahmi jeung Guru Ngaji di Cileunyi, Bupati Hayangeun Ngagelar Jambore Guru Ngaji Sakabupaten Bandung

- 14 Desember 2023, 11:27 WIB
Bupati Bandung ngariung jeung guru ngaji di Cileunyi, Rebo, 13 Desember 2023.
Bupati Bandung ngariung jeung guru ngaji di Cileunyi, Rebo, 13 Desember 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, hayangeun ka hareup dilaksanakeun jambore guru ngaji wujud rasa syukur kana perjoangan para guru ngaji nu kacida luar biasa.

Inyana nètèlakeun aya kana 15.348 urang guru ngaji nu geus kaakomodir dina program insentif guru ngaji.

"Anggaran guru ngaji di Kabupaten Bandung kana Rp 109 miliar sataunna, minangka pangageungna di Indonesia," ceuk Dadang Supriatna dina acara silaturahmi jeung 180 guru ngaji di lante 5 Gedung BPRS HIK Parahyangan Jalan Raya Percobaan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Rebo, 13 Desember 2023.

Baca Juga: KONI Kabupaten Bandung Raker 2023 di Ciwidey Target 100 Medali Emas di Porprov 2026

Jumlah guru ngaji bieu sabagèan tina 750 guru ngaji di Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung nu geus ngarasakeun mangpaat tina program insentif guru ngaji nu dikamalirkeun Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Dina silaturahmi jeung Forum Guru Ngaji Dadang Supriatna dibarengan Asisten Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat Kabupaten Bandung Ruli Hadiana, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Agus Firman Zaini katut Camat Cileunyi Cucu Endang.

Bupati Dadang Supriatna ngadenge langsung pangakuan ti salah sahiji guru ngaji, Saepudin (72 taun), nu ngajar ngaji di SDN Cintaasih 2 Kecamatan Cileunyi.

Saepudin ngaku, dirina ngarasa diajenan ku program guru ngaji tur miharep program guru ngaji ieu nuluy.

Baca Juga: Emma Dety: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung keur Ngokolakeun Arsip Kulawarga

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah