KONI Kabupaten Bandung Raker 2023 di Ciwidey Target 100 Medali Emas di Porprov 2026

- 14 Desember 2023, 10:00 WIB
Ketua KONI Kabuoaten Bandung, Yana Suryana.
Ketua KONI Kabuoaten Bandung, Yana Suryana. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Komite Olahraga Nasional Indonesian (KONI) Kabupaten Bandung  Rapat Kerja Kabupaten (Rakerkab) Taun 2023, di Ciwidey Valley Resort, Kemis, 14 Desember 2023.

Rakerkab nu jejerna " Commit to Champion 100 Gold Medals" teh tujuanana  ngaevaluasi kinerja KON Kabupaten Bandung taun 2023, sakalian ngararancang program gawè KONI Kabupaten Bandung taun 2024.

Iwal ti kitu ogè pikeun ngaakomodir aspirasi anggota KONI Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Emma Dety: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung keur Ngokolakeun Arsip Kulawarga

Ketua KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana, nètèlakeun, Rakerkab nu maneuh diayakeun saban taun teh salasahiji tugas jeung kawajiban nu kudu dilaksanakeun.

"Urang kedah syukur KONI Kabupaten Bandung ku pangrojong sakum pihak, utamina Pamarèntah Kabupaten Bandung , panyumanget ti Bapa Bupati Bandung, dina kirang langkung sataun tos tiasa ngalaksanakeun tugas-tugas kaolahragaan," ceuk Yana ka wartawan.

Kalawan target meunang 100 medali emas keur kontingen Kabupaten Bandung dina kalang Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) XV Jawa Barat 2026 di Kota Bogor, Yana ngaku ieu pancèn kacida beurat, tapi ditarima ku sikep yakin target baris kahontal..

Ceuk Yana, target bisa kahontal lamun aya rempug gawè babarengan kalawan pinuh tanggungjawab.

Baca Juga: Bapenda Kabupaten Bandung Sosialisasi Penerapan Manajemen Resiko

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah