Bapenda Kabupaten Bandung Sosialisasi Penerapan Manajemen Resiko

- 13 Desember 2023, 07:00 WIB
Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Erwan Kusumah.
Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Erwan Kusumah. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, muka acara Sosialisasi Penerapan Manajemen Resiko, nu digelar ku Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Kabupaten Bandung di Hotel eMTe Highland, Desa Alamendah, Kecamatan Rancabali, Kabupaten Bandung, Selasa 12 Desember 2023.

Dibarengan Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, Erwan Kusumah, Bupati Bandung ngajelaskeun, manajemen resiko tèh cara pikeun ngalarapkeun sistem dina panargetan, evaluasi jeung kaberhasilan dina panglayan Bapenda.

“Ku manajemen resiko, Bapenda bakal paham kumaha cara ngalarapkeun peraturan perundang-undangan dina palaksanaan kinerja Bapenda,” ceuk Dadang.

Baca Juga: Bupati Bandung Masrahkeun Bantuan Torca keur Ngaronjatkeun Minat Maca

Bapenda, nurutkeun Dadang Supriatna ngaronjatkeun Organisasi Perangkat Daerah Kabupaten Bandung sarta hasilna dina ngawujudkeun target Pendapatan Asli Daerah (PAD).

Kepala Bapenda Kabupaten Bandung H. Erwan Kusumah nètèlakeun, ieu sosialisasi minangka respon gancang naon nu digumebyarkeun BPKP, keur ngurangan resiko dina ngahontali target PAD luyu jeung nu ditargetkeun.

"Ku ieu kagiatan sosialisasi penerapan manajemen resiko sakumna padamel di Bapenda bakal paham teknis, taktis sareng regulasi, " ceuk Erwan.

Dina sosialisasi, ceuk Erwan,  narasumberna ti BPKP pikeun mekelan ka sakumna pagawè Bapenda boh secara teknis, taktis, boh secara regulasi, perencanaan, tepi ka evaluasi.

Erwan nyebutken, target PAD taun 2023, tepi ka November , geus nepi 85 persen tina target nu direncanakeun dina awal taun 2023. “ Simkuring yakin tiasa kahontal 100 persen tina target PAD Rp1,3 triliun,” pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah