TNI-Polri Ngawal Pergeseran Kotak Soara Hasil Pleno ti PPK ka Gudang Logistik KPU

- 23 Februari 2024, 17:00 WIB
Kotak soara ti PPK dibawa ka gudang logistik KPU Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting tur dikawal rekep ti personel 1704/Talaga, personel Polsek Talaga jeung Satpol PP Talaga.
Kotak soara ti PPK dibawa ka gudang logistik KPU Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting tur dikawal rekep ti personel 1704/Talaga, personel Polsek Talaga jeung Satpol PP Talaga. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - PPK Talaga, Kabupaten Majalengka  rengse ngalaksanakeun rapat pleno perhitungan suara. Satuluyna kotak soara digeser ka gudang logistik KPU Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024) peuting tur dikawal rekep ti personel 1704/Talaga, personel Polsek Talaga jeung Satpol PP Talaga.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Danramil 1704/Talaga, Kapten Inf Subagio nyebutkeun, rapat pleno di PPK Kecamatan lumangsung kalayan aman tur kondusif.

"Kotak soara langsung digeser ka gudang logistik KPU kalayan pengawalan rekep TNI-Polri katut Satpol PP Kecamatan Talaga," ceuk Subagio.

Baca Juga: TNI Polri Sinergi Jaga Kaamanan, Nyinglar Potensi Pasualan Rekapitulasi Soara Pemilu 2024 Tingkat PPK Sukahaji

Inyana netelakeun objek pangawalan  logistik pemilu, dokumen penting Nagara. Ku kituna, dina palaksanaanana, tugas pangawalan kudu bener-bener dijaga kalayan pinuh tanggung jawab.

Ditambahkeun Kapten Inf Subagyo, salain ti TNI-Polri pangawalan oge dilaksanakeun ku Satpol PP jeung PPK, di mana kotak soara diangkut ngagunakeun mobil box tur dikawal ngagunakan sapedah motor.

"Pangawalan dilaksanakeun kangge nangtoskeun kaamanan sarta kotak soara hasil pleno PPK salami proses pergeseran ka gudang logistik KPU Kabupaten Majalengka teu kaganggu," ceuk Kapten Inf Subagyo.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x