Komisi IV DPRD Jabar Apresiasi Hasil Revitalisasi Pasar Harapan Jaya Bekasi

- 6 Februari 2024, 19:00 WIB
Pimpinan jeung anggota Komisi IV DPRD Jawa Barat, ngilikan  Pasar Tradisional Harapan Jaya di  Kota Bekasi nu rengse direvitalisasi tahap II (02/02/2024)
Pimpinan jeung anggota Komisi IV DPRD Jawa Barat, ngilikan Pasar Tradisional Harapan Jaya di Kota Bekasi nu rengse direvitalisasi tahap II (02/02/2024) /

 

 

GALURA.CO.ID -Pimpinan jeung anggota Komisi IV DPRD Jawa Barat, ngaroris  kondisi  Pasar Tradisional Harapan Jaya di  Kota Bekasi nu geus rengse direvitalisasi tahap II (02/02/2024). Waragadna ti APBD Jabar  taun 2023, sarta diresmikeun ku Pj Gubernur Jabar Bey Machmudin,  Rebo 27 Desember 2023.

“Tina hasil ngaroris kondisi Pasar Harapan Jaya, sanggeus direvitalisasi,  representative pisan, kondisi pasar bersih, sirkulasi hawa jeung cahaya  cukup hade, henteu pararoek. Matak lugina, boh padagang boh masarakat  nu rek balanja,” ceuk   H. Daddy Rohanady, pingpinan Komisi IV DPRD Jabar.

Di Pasar Harapan Jaya Bekasi, aya 269 kios bagi, kabeh geus aya ngeusian. ”Komisi IV ngurilingan pasar, ngecek kondisi kios jeung sakaligus ngabandungan kamandang padagang jeung masyarakat kana kondisi Pasar HArapan Jaya  geus direvitalisasi tahap II. Padagang jeung masarakat nyebutkeun kaayaan pasar ayeuna geus hade,” ceuk H.Daddy.

Baca Juga: Unpad  Ngageuing, Lamun Bedegong  10 Rebu Mahasiswa Unpad Bakal Turun ka Jalan

Ka parapadagang, Daddy ngelimham  sangkan ngajaga kabersihan jeung kaluginaan pasar. Ieu penting pisan lantaran pasar tadisional nu diangun tina anggaran APBD Jabar  tetep haneuteun jeung masarakat  tumaninah balanja di Pasar Harapan Jaya.

Ngeunaan masih loba pasar  tradisional di Jawar nu sumebar di 27 kabupaten jeung kota,  nu geus kudu direvitalisasi Daddy nyebutkeun  geus  70 persen direvitalisasi.  Tinggal 30 persen deui nu perlu direvitalisasi. DPRD Jabar bakal ngajurung Pemprov Jabar unggal  taun nyadiakeun anggaran  keur ngarevitalisasi pasar tradisional.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x