Diskominfo Kabupaten Bandung Ngajak Wartawan Touring ka Garut, cenah keur Ngaraketkeun Silaturahmi

- 6 Februari 2024, 12:07 WIB
Dikominfo Kabupaten Bandung ngajak wartawan touring ka Sumber Alam Garut, ceuk sakaol keur leuwih ngaraketkeun silaturahmi.
Dikominfo Kabupaten Bandung ngajak wartawan touring ka Sumber Alam Garut, ceuk sakaol keur leuwih ngaraketkeun silaturahmi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Diskominfo Kabupaten Bandung ngajak para wartawan nu tugasna di Kabupaten Bandung kana kagiatan  Touring "Batur Bedas" ka Kampung Sumber Alam Garut, Jawa Barar.

Kepala Dinaskominfo Kabupaten Bandung, H.Yosep Nugraha nètèlakeun, tujuan touring pikeun mageuhkeun tali silaturahmi antara pamarètah daerah jeung para jurnalis.

Salian ti eta ngawangun pamahaman jeung kolaborasi dina raraga ngalaksanakeun tugas jeung fungsi sèwang-sèwang pikeun ngawujudkeun hiji tujuan nu sarua: nyaèta ngawujudkeun masarakat Kabupaten Bandung nu 'Bangkit Edukatif Dinamis Agamis dan Sejahtera' (Bedas).

Baca Juga: Bupati Bandung  Dadang Supriatna Umajak ka Para ASN Ngaluarkeun Zakat Profesi

Yosep nandeskeun, nyaruakeun perpsi lain hartina nyengker kabèbasan nepikeun pamikiran jeung gagasan. "Mangga ngadugpkeun pamikiran sareng gagasan mah. Namung, tujuanana kanggo ngawangun, " pokna samèmèh miang.

Rute touring Batur Bedas: miang ti palataran kantor Bupati Bandung di Soreang, Salasa, (06/02/2024) jam 09.00 WIB. Ngaliwatan  Kecamatan Banjaran, Bojongsoang, Ciparay, Cikancung, Cijapati, Kecamatan Kadungora, jeung Kecamatan Leles.

Tempat tujuan Kampung Sumber Alam Garut. Puncak acara Ngabedaskeun Talkshow Ngawangkong Bersama Dadang Supriatna Gaskeun jam 20.00 WIB di Hotel Sumber Alam Garut.

Isukna, Rebo, (07/02/2024) rencanana sanggeus mumuluk, fun game, isoma sarta mulang deui ka  Bandung jam 12.00 WIB. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah