Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana Miharep Alun-Alun Margaasih Sagancangna Ngawujud

- 5 Februari 2024, 20:16 WIB
Murenbang Kecamatan Margasih, Kabupaten Banduung diluuhan ku H. Uya Mulyana legislator ti PKB.
Murenbang Kecamatan Margasih, Kabupaten Banduung diluuhan ku H. Uya Mulyana legislator ti PKB. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pangwangunan Alun-alun Margaasih Kabupaten Bandung geus diplot asup anggaran taun 2021. Ngan, sajalan jeung sasalad Covid-19, kawijakan Kabupaten Bandung liwat Disperkimtan, anggaranana direkofusing. Jadi rencana taun 2021 teu karèalisasi, kitu deui taun 2022 jeug 2023.

Pasualan ieu diungkab anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Uya Mulyana satutas monitoring Musrenbang tingkat Kecamatan Margaasih nu digelar di aula kecamatan Margaasih, Senèn, 5 Pebruari 2024.

"Sajaba ngeuyeuban program pelatihan kaparigelan montir, konputer, hp sareng ngaput kanggo masarakat sareng pangwangunan insfrastruktur, dipiharep pangwangunan Alun-alun Margaasih lebet ogè kana Musrenbang danget ieu supados tiasa saenggalna ngawujud," ceuk ieu legislator PKB, pituin Desa Rahayu Kecamatan Margaasih.

Baca Juga: Muhamad Guntur Nugroho Miangkeun Umroh ka Pagawe Cleaning Service

Ceuk H.Uya, ngararancang pangwangunan kudu bener-bener meunang perhatian, kusabab hasil henteuna gumantung kana alus henteuna rarancang nu dijieun dina Musrenbang.

"Sakumaha saèna hiji program pangwangunan, upami teu dirarancang asak-asak simkuring yakin urang mola hasil. Ku margi kitu, simkuring amanat sing saè ngararancang naon nu dipikapalay masyarakat, " ceuk H. Uya.

Sistem perencanaan pembangunan, ceuk H. Uya ngawengku 4 kadeuheusan, dina rarangken perencanaan nu diatur dina Undang-Undang Nomer 25 Taun 2004, UU No 23 Taun 2014 ngeunaan pamarèntahan daerah, nyaèta kadeuheusan ku temperatif, kadeuheusan parsipatif, kadeuheusan politik, tur luhur handap jeung handap luhur (top-down - botton-up).*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah