Anggota DPRD Provinsi Jabar Hj. Tia Fitriani Siap Ngabantu Warga nu Ngarandapan Pangladèn Kasehatan Teu Hade

- 6 Februari 2024, 10:52 WIB
Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, Dra. Hj. Tia Fitriani nyumebarkeun Paraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2019.
Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, Dra. Hj. Tia Fitriani nyumebarkeun Paraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2019. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, Dra. Hj. Tia Fitriani nyumebarkeun Paraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2019 ngeunaan Penyelenggaraan Kesehatan, ka warga masarakat Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung.

Ratusan warga diondsng di GOR Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu, Senèn, 5 Pebruari 2024.

Tujuan nyebarkeun Perda bieu, ceuk Hj. Tia, sangkan masarakat nyaho warga mibanda hak pikeun ngahontal kualitas hirup jeung karaharjaan ku pangladèn kasehatan nu optimal pikeun saban warga ku pangwangunan jeung pangembangan sistem kasehatan luyu amanat Undang-Undang Dasar RI Taun 1945.

Hj. Tia ngingetan ka masarakat nu ngagunakeun BPJS kasehatan, mun seug ngalaman panglayan nu teu nyugemakeun atawa teu ilahar, bisa dilaporkeun, sabab saenyana ngagunakeun BPJS tèh teu gratis, tapi geus dibayar, atawa dijamin.

Ieu anggota Fraksi Nasdem Jawa Barat ti Dapl 2  ngaku, minangka anggota Dewan, timna siap ngabantu mun seug aya masarakat ngarandapan panglayan kasehatan nu teu hadè.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah