Bupati Bandung  Dadang Supriatna Umajak ka Para ASN Ngaluarkeun Zakat Profesi

- 6 Februari 2024, 11:49 WIB
Bupati Bandung cumeluk sangkan ASN teu kapaksa mayar zakat profesi.
Bupati Bandung cumeluk sangkan ASN teu kapaksa mayar zakat profesi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna umajak ka  para ASN (Aparatur Sipil Negara) sangkan teu welèh syukuran ka Allah SWT  kana sagala nikmat nu dipaparinkeun ku Allah SWT. Salasahiji wujud syukur ku  ngaluarkeun zakat.

Hal ieu ditepikeun Dadang Supriatna dina kagiatan maneuh siraman rohani di lelewek  Pamarèntah Kabupaten Bandung, nu dilaksanakeun   di Gedung Moch Toha Soreang, Senèn, 5 Pebruari 2024.

Dadang Supriatna umajak  ka  para ASN kolaborasi dina  raraga  ngabantu  masarakat, ku  ngaluarkeun zakat profesi atawa zakat panghasilan  maneuh tina pakasaban,   nu  disalurkeun ka Baznas (Badan Amil Zakat Nasional) Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Anggota DPRD Provinsi Jabar Hj. Tia Fitriani Siap Ngabantu Warga nu Ngarandapan Pangladèn Kasehatan Teu Hade

"Baznas, iwal ti  nampung ti nu  sedekah atawa  titipan zakat mal jeung ogè zakat profesi, ogè  nu nyalurkeun zakat sarta bisa ngabantu pamarèntah daerah utamana Dinas Sosial," ceuk Bupati Bandung.

Dadang Surpiatna   nganuhunkeun ka rèngrèngan  pangurus  Baznas nu  danget ayeuna  geus ngalakukeun lèngkah  jeung kapastian leuwih  alus dibandiingkeun jeung samèmèhna.

"Sateu acanna, unggal  zakat mal atawa zakat profesi ti para ASN Kabupaten Bandung sajumlah Rp 400 juta. Ayeuna geus  nepi kana Rp 1 miliar  jeung potensina  ngahontal kana Rp 1,2 miliar tepi ka  Rp 2 miliar perbulan," ceuk Bulati Bandung.

Ka  para ASN  Dadang amanat sangkan ulah ngarasa kapaksa  dina  ngaluarkeun  zakat.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah