Unpad  Ngageuing, Lamun Bedegong  10 Rebu Mahasiswa Unpad Bakal Turun ka Jalan

- 6 Februari 2024, 16:33 WIB
Prof.Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA anu kiwari ngajabat Pupuhu Senat Akademik Unpad, maca Seruan Pajajaran nu eusina nggeuing sangkan urang sarerea, kaasup pamarentah, dina ngajalankeun demokrasi ngajungjung etika.
Prof.Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA anu kiwari ngajabat Pupuhu Senat Akademik Unpad, maca Seruan Pajajaran nu eusina nggeuing sangkan urang sarerea, kaasup pamarentah, dina ngajalankeun demokrasi ngajungjung etika. /

 

 

GALURA.CO.ID -Paguron luhur  (perguruan tinggi)  teh tempatna jelema palinter, kaum cerdik cendikia,  tempat para intelektual nyarupih elmu pangaweruh. Kampus  loba medalkeun  para  calon pamingpin bangsa. Kampus ge kawentar salaku pangjaga moral  anu kacida wewegna.

Ku kituna teu helok natrat diltulis dina sajarah bangsa kampus ge  jadi tempat berjuang ngalawan kateuadilan. Sora  kampus, sora mahasiswa seukeut kacida nyurahan kalaliman, estu “ Ngadek sacekna nilas saplasna,” omonganana anu sabenerna, teu dikurangan teu dileuwihan.

Sabada Reformasi 1998 anu ngaragragkeun rezim Orde Baru, sora-sora panggero, gorowok ti kampus keur para pangawasa nagara, kiwari geus mimiti reang deui. Dimimitian   ti UGM (universitas Gajah Mada –Yogya), Universitas Islam Indonesia (UII) Yogyakarta, Universitas Indonesia, Universitas Andalas (Unand- Padang), Universitas Hasanuddin (Unhas) Makasar-Sulawesi,  sakabehna sarua meunteun Presiden Jokowi nyimpang tina koridor demokrasi jeung nyalahgunakeun kakawasaannana demi kapentingan politik praktis.

Di Bandung ge teu tinggaelun Unpad pangheulana  ngayakeun aksi, “Seruan Selamatkan Negara”. Pas bareng jeung kunjungan Presiden Jokowi ka Bandung, poe Saptu   tanggal 3 februari 2024 .

Saterusna  nyusul UPI, Unisba, sarta  Guru besar jeung dosen ITB anu ngagelar Diskusi Kebangsaan –Mencegah Kemunduran Demokrasi “ Malu Menjadi Bangsa” anu djejeran ku Prof.Dr.  Yasraf Amir Piliang, MA. Ngaliwatan zoo meeting (5/2/2024).

Di Unpad,  maca petisi digelar di buruan Rektorat Unpad Jalan Dipatiukur No.35 Bandung. Petisi Sora Panggeuing ti  Pajajaran ieu dibacakeun ku  Rektor Unpad anu ka-10 Prof.Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA anu kiwari ngajabat Pupuhu Senat Akademik Unpad.

Petisi Seruan Pajajaran diteken ku 1.030 civitas akademika Unpad anu ngawengku  82 Guru Besar (titel profesor), 23 dosen (Doktor, Master),  Badan Eksekutif Mahasiswa (BEM), mahasiswa jeung alumni.

Tacan anu teu nandatangan atawa anu ngahaja ngajugjugan datang ti jauhna jiga Manten Ketua Ikatan Alumni Unpad Hikmat Kurnia jeung garwana. Kampus Unpad anu biasana sepi taya dangiangan harita  hirup deui, getihan deui, tarik jorowokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah