Ngawangun Desa tina Padat Karya Tunai, Aya nu Dipake Nyieun Lapang Voli

- 9 Januari 2024, 17:00 WIB
Di Desa Panyalindungan Kabupaten Majalengka, PKT nu gedena Rp170 juta  dipake ngawangun lapang volly di Dusun Sukahurang
Di Desa Panyalindungan Kabupaten Majalengka, PKT nu gedena Rp170 juta dipake ngawangun lapang volly di Dusun Sukahurang /Tatang/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina kwartal ka-4  taun 2023 pamarentah ngagolontorkeun anggaran milyaran rupiah anu tujuana keur ngaronjattkeun ekonomi masarakat desa ku mangrupa Padat Karya Tunai (PKT). Unggal  desa dikucuran dana anu gedena Rp.200.000.000 (dua ratus juta).

Duit anu gedena Rp200 juta teh dibagikeun ku opat dinas: Dinas Pertanian, Dinas BPMD, Dinas Tenaga Kerja KUKM, jeung Dispora. Masing masing dinas ngaintruksikeun sangkan eta duit dimampaatkeun luyu jeung program dinas, saperti nyieun solokan, jalan, lapang volly jeung sajabana.

Dana PKT anu Rp200 juta teh tangtuna teu sakabeh dikokolakeun ku pamarentah desa, dina ngagunakeunana dipercayakeun ka LPM jeung lembaga anu sejena.

Baca Juga: Komisi I DPRD Jawa Barat: Ulah Aya deui Patugas KPPS nu Tilar

Anu Rp200 juta teh henteu sagemblengna dipasrahkeun ka desa. Anu dikokolakeun ngan Rp170.000.000 (saratus tujuh puluh juta),  anu Rp30 juta dikokolakeun ku dinas masing masing.

Di Desa Panyalindungan Kabupaten Majalengka, ceuk kadesna, Agus, duit anu Rp170 juta teh dipake ngawangun lapang volly di Dusun Sukahurang. Dana sakitu teh dibeulikeun kana material jeung ongkos anu di gawe.

Beda deui jeung kelurahan, anggaranana dikokolaken di kacamatan, kalurahan mah saukur narima mangpaat, Nyairkeunana lain ku lurah, aya pihak anu ditunjuk.

Ceuk Enda, kepala Kelurahan  Tarikolot, Kecamatan Majalengka, di Kelurahan Tarikolot dana PKT dipake ngawangun solokan anu panjangna ratusan meter, luyu jeung  pangabutuh masarakat.

“Masarakat kacida antusiasna, aya ratusna urang anu milu  digawe ti program padat karya kalayan miharep menang imbalan ti eta program,” ceuk  Enda.*** TS 64

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x