Kepala SDN 1 Sukaraja Kecamatan Sindangkasih Kabupaten Ciamis Dimutasi

- 6 Januari 2024, 14:06 WIB
. Serah terima jabatan kepala SDN  1 Sukaraja, ti Endang Wahyudin ka Asep Arifi (5/1/2024).
. Serah terima jabatan kepala SDN 1 Sukaraja, ti Endang Wahyudin ka Asep Arifi (5/1/2024). /Jarkasih/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jabatan kepala SDN 1 Sukaraja, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat dimutasi. Samemehna dijabat ku Endang Wahyudin, ti mimiti Jumaah, 5 Januari 2024, diganti ku Asep Arifin.

Pangna Endang Wahyudin diganti lantaran inyana pangsiun. Serah terima jabatan kepala SDN 1 Sukaraja dilaksanakeun, Jumaah, 5 Januari 2024. Acarana basajan, tapi hidmat.

Surat Keputusan diangkatna Asep Arifin jadi kepala SDN 1 Sukaraja dipasrahkeun ku Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih. Asep Arifin nyebutkeun inyana bakal tohtohan leuwih ngamajukeun atikan di SDN 1 Sukaraja.*** Jarkasih

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x