Amanat Bupati Bandung ka Para ASN dina Apel Munggaran 2024

- 8 Januari 2024, 18:56 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna jadi inspektur upacara apel munggaran dina taun 2024 di LapangUpakarti, Semèn, 8 Januari 2024.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna jadi inspektur upacara apel munggaran dina taun 2024 di LapangUpakarti, Semèn, 8 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna jadi inspekur upacara apel munggaran taun 2024 di lapang Upakarti, Komplek Pemkab Bandung, Senèn 8 Januari 2024.

Dina apel nu diiluan ku rewuan ASN jeung pagawè di lelewek Pemda Kabupaten Bandung teh, Dadang Supriatna ngaamatan sangkan para ASN jeung para pagawè museur jeung terus ngaronjatkeun kamotèkaran jeung kualitas panglayan ka masarakat

Samèmèh nepikeun amanat, Dadang nepileun bèla sungkawa ku kajadian kacilakaan tabrakan kereta api di Desa Cikuya, Kecamatan Cicalengka, Kabupaten Bandung poè Juma'ah mangkukna.

Satuluyna, Dadang Supriatna nepikeun apresiasi jeung nganuhunkeun ka para ASN jeung pagawè Pemkab Bandung nu salia taun 2023 geus gawè suhud jeung nunjel kinerja alus dina ngalayanan masarakat.

Baca Juga: Tunggul Kuras

"Simkuring boh pribadi boh atas nami pamarèrèntah daerah, ngahaturkeun nuhun sareng pangajèn nu saluhur-luhurna ka sakumna ASN sareng padamel nu ageung kotribusi positif nyukseskeun pangwangunan di Kabupaten Bandung," ceuk Bupati.

Ceuk  Dadang Supriatna, ku gawè suhud, kontribusi jeung sinergi sakum stakeholder di Kabupaten Bandung, Pemkab Bandung nu karèk dua taun dalapan bulan dina kapamingpinan dirina geus mampuh dileler 257 pangajèn, boh di tingkat regional boh tingkat nasional.

"Simkuring meredih saniskara pangajèn ieu tiasa dipublikasikeun ku sakumna OPD ka masarakat ngalangkungan saluran, boh media sosial boh media massa. Cumponan prestasi kinerja urang tiasa kauninga masarakat sareng langkung mecut urang ngahaturanan nu langkung saè kanggo masarakat," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x