FTBI Tingkat Jabar Taun 2023 Dilaksanakeun di Kabupaten Bandung

- 1 November 2023, 15:16 WIB
Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati S.S., M.A, meunteun tarekah Pemkab Bandung dina ngamumule basa jeung sastra Sunda hade pisan.
Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati S.S., M.A, meunteun tarekah Pemkab Bandung dina ngamumule basa jeung sastra Sunda hade pisan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) 2023 tingkat Jawa Barat bakal dilaksanakeun di Kabupaten Bandung. Rencanana ti tanggal 14 tepi ka 16 Nopember 2023.

Kepala Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, Dr. Herawati S.S., M.A nyebutkeun, acara bubuka FTBI tanggal 14 Nopember 2023 baris diluuhan istri Menteri Pendiddikan Kebudayaan Riset dan Teknologi.

"Insyaalloh pami teu aya pamengan, istri Mentri Pendidikan Kebudayaan, Riset dan Teknologi badè sumping, " ceuk Herawati basa ngaluuhan acara Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung di Gedung PGRI satenpat Jalan Katapang - Soreang, Senen (30/10/2023).

Baca Juga: Kepala Balai Bahasa Provinsi Jabar Meunteun Pemkab Bandung hade dina Tarèkah Ngamumule Basa jeung Buday Sunda

Herawati nyebutkeun FTBI tèh salasahiji tina runtuyan revitalisasi bahsa daerah nu diayakeun ku Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat dina raraga ngamumule basa jeung budaya Sunda.

Ti dua bulan katukang, FTBI tingkat kabupaten jeung kota di Jabar geus dilaksanakeun. Aya 7 mata lomba dina FTBI: ngadongeng, biantara, maca sajak, nulis jeung maca aksara sunda, tembang pupuh, ngabodor sorangan katut ngarang carpon.

Saban taun, ceuk Herawati, Kabupaten Bandung teu welèh aub dina revitalisasi bahasa daerah, nuduhkeun yèn apresiasi Pamarèntah Kabupatèn Bandung dina tarèkah ngamumulè basa jeung budaya Sunda gedé.

Herawati miharep pangrojong ti Pamarèntah Kabupaten Bandung, utamana ti Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung teu suda, sangkan FTBI lumangsung lungsur-langsar. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x