Inyana nandeskeun pentingna integritas, profesionalitas, jeung sinergitas dina nyanghareupan tantangan jeung keur nyangking kasuksesan kahareupna.
"Mieling HUT ka-35 Perumdam Tirta Bhakti Raharja teh momen nu penting kangge ngareuah-reuah naon nu dihontal ku pausahaan. Kajabi ti eta tiasa dijadikeun inspirasi kangge teras motekar kapayunna," pokna.
Wakalpolres nyebutkeun ieu acara ieu wujud sinergi antara pamarentah, penegak hukum, jeung sektor swasta dina ngamajukeun pelayanan publik tur kulitas hirup masarakat di Kabupaten Majalengka.*** Ayank Sambara