GALURA- Stadion Si Jalak Harupat nu pernahna di Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Jawa Barat diagendakeun jadi tempat pertandingan Piala Dunia FIFA Umur-17 taun (Piala Dunia U 17).
Bupati Kabupaten Bandung Dr. HM. Dadang Supriatna nyebutkeun, pihakna geus tatan-tatan nyanghareuoan Piala Dunia U 17. Ceuk Dadang Supriatna, Stadion Si Jalak Harupat geus ngaleuwihan proses ngomèan waktu direnncanakan tempat pertandingan Piala Dunia U 20.
Prinsipna, ceuk Dadang, pamarentah Kabupaten Bandung siap jadi pribumi Piala Dunia U17. "Simkuring, siap upami Stadion Si Jalak Harupat janten pribumi Piala Dunya U 17. Insya Allah mugia teu ayaa hahalang sareng tiasa lumangsung luyu sareng nu dipiharep, " ceuk Dadang Supriatna di Soreang, Selasa (27/6/2023).
Baca Juga: Munaqosah Metode Ummi Madrasah Al Haq Ngawangun Generasi Qur'ani
Ceuk Dadang, jadwalna geus aya, ngan masih dina tahap ngadumaniskeun. Mun geus final tangtu disosialisasikeun. Jadi pribumi Piala Dunia U 17 bisa leuwih ngahudangkeun UMKM di Kabupaten Bandung sarta ngamotivasi atlit keur ngasah kamampuhanana tepi ka jadi atlet profesional. *** Sopandi