LSM Penjara Cabang Majalengka Meredih Inspektorat jeung Kejari  Ngungkab Pungli di Sakola

- 24 Mei 2023, 10:08 WIB
LSM Penjara Cabang Majalengka unjuk rasa (unras) di Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung Kejari Kabupaten Majalengka dikawal ku aparat kapulisian ti Polres Majalengka.
LSM Penjara Cabang Majalengka unjuk rasa (unras) di Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung Kejari Kabupaten Majalengka dikawal ku aparat kapulisian ti Polres Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA –LSM Penjara Cabang Majalengka unjuk rasa (unras) di Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung Kejari Kabupaten Majalengka, meredih sangkan kasus pungli di sakola diungkab.

Salian eta, LSM Penjara Cabang Majalengka dina unras meredih Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung Kejari Kabupaten Majalengka bisa nyinglar dana bansos teu dipotong ku aparat desa. Masarakat nu kurang mampuh bisa narima dana bansos sagemblengna.

LSM Penjara Cabang Majalengka unras keur nepikeun aspirasina ka Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung ka Kejari poe Salasa (23/05/2023). Aparat kapulisan ti Polres Majalengka ngawal jeung ngajaga LSM Penjara Cabang Majalengka..

Baca Juga: Kakanwil Kemenag Jabar Calon Haji ti Jawa Barat, 38.732 urang, Miang ka Tanah Suci

Kabag Ops Polres Majalengka, Kompol Kusdinar Idris Rozaly, S.H., M.M., ngistruksikeun ka personil sangkan dina ngawal unras LSM Penjara Cabang Majalengka di Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung di Kejari Kabupaten Majalengka luyu jeung Standar Operasional prosedur (SOP).

Sakumna anggota Polres Majalengka dina ngawal unras LSM Penjara Cabang Majalengka di Inspektorat Kabupaten Majalengka jeung di Kejari Majalengka teu migawe tindakan nu kontraproduktif. Tapi ngutamakeun sikep humanis oge ulah nepi ka kaprovokasi ku aksi massa.

"Ditandeskeun ka sakumna personil nu bakal ngalaksanakeun pangamanan unras supados teu kapancing ku situasi, teu kenging nyandak senjata jenis naon wae, boh senjata tajam boh senjata api. Nu utami teu kacandak emosi atanapi kapancing ku nu unras, “ pokna.

Kompol Kusdinar Idris Rozaly, S.H., M.M., nyebutkeun ngamankeun jeung ngawal unras LSM Penjara Cabang Majalengka sangkan unras lumangsung aman, tartib jeung lancar.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

"Unras lumangsung aman, tartib tur lancar. Massa aksi langsung ngabubarkeun diri wangsul ka Sekretariat LSM Penjara Cabang Kabupaten Majalengka," ceuk Kabag Ops.

Dina ngawal unras LSM Penjara Cabang Majalengka aparat pulisi Polres Majalengka dijejeran Kasubbag Bin Ops AKP Nana Suhana, Kasat Samapta Iptu Adam Rohmat Hidayat, S.H., M.H., Kasat Binmas Iptu Baban Purbandi.

Lia ti eta, Kasi Propam AKP Sarjiyo, S.E., Wakapolsek Cigasong Iptu Adam Malik, KBO Lantas Iptu Yudhi F B Simanjuntak, S.H. Diiluan personil Polres Majalengka, personil Polsek Cigasong sarta Sat Pol PP Kabupaten Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x