Upacara Hari Jadi Ka-382 Kabupaten Bandung Pindah Tanggal  

- 21 April 2023, 05:21 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna (katuhu) jeung Kadiskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna (katuhu) jeung Kadiskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha.* /(SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com)./

 

GALURA - Kamari, 20 April 2023, umur Kabupaten Bandung jejeg 382 taun. Biasana upacara milangkala Dalem Bandung ieu digelar ninggang dina tanggalna di Lapangan Upakarti Komplek Pemda Kabupaten Bandung. Ngan, ku lantaran cuti bersama Lebaran/Idulfitri, upacara tèh baris  dilaksanakeun tanggal 27 April 2023.

Kitu nu ditepikeun ku Bupati Bandung Dadang Supriatna basa silaturahmi jeung sajumlah wartawan di imah dinesna, di Soreang, Rebo (17/4/2023) peuting.

Pihakna ogè, ceuk Dadang Supriatna, geus ngaagendakeun runtuyan acara dina raraga ngareuah-reuah milangkala Kabupaten Bandung, di antarana ; tanggal 26 April silaturahmi jeung para bupati manten, tuluy nyekar ka makam pahlawan jeung makam para Bupati Bandung manten.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Jawa Barat, Jumaah, 30 Ramadan 1444 H / 21 April 2023

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Prov. Banten, Jumaah, 30 Ramadan 1444 H/21 April 2023

"Saréngséna silaturahmi sareng para bupati manten, dilajeng nyekar ka makam pahlawan. Mung upami samporèt waktosna, nyekar ka makam Bupati Bandung manten di Sumedang sareng Garut, mungkin engkè ogè dialihkeun ka kaping 27 April saréngséna upacara dilajeng Rapat Paripurma," ceuk Dadang Supriatna nu dibarengan ku Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung Yosep Nugraha.

Sanggeus Rapat Paripurna, ceuk Dadang Supriatna, sorèna riung mungpulung bari magelarkeun wayang golek. "Biasana di Dome, dialihkeun ogè ka Ciwidey, Pacira sakantenan ngahibur wisatawan domestik di ditu. Sim kuring ogè rèk ngadugikeun patali préstasi-préstasi Kabupaten Bandung salami dua taun kapamingpinan sim kuring,” pokna deui.*** Sopandi

Baca Juga: MUI Kabupaten Bandung: Beda Poè Lebaran Ulah Jadi Pacèngkadan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x