Bupati Bandung Nyangking Gelar Doktor, Uya Mulyana : Kudu Jadi Tuladeun

- 4 Maret 2023, 19:45 WIB
Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung, Uya Mulyana
Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung, Uya Mulyana /DOK/

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatna, nyangking gelar doktor,  yudicium/predikat kacida  nyugemakeun.


Dadang Supriatna nyangking gelar doktor sanggeus rengse nyuprih elmu di Universitas Trisakti Jakarta.

Ngaliwatan prosesi sidang terbuka promosi Doktor Bupati Bandung Dadang Supriatna, di Kampus A Universitas Trisakti   Jakarta Barat,   2 Maret 2023.

Sababaraha pajabat di lingkup Pemkab Bandung, milu ngaluuhan dina eta sidang terbuka promosi Doktor Bupati Bandung teh.

Anggota Fraksi Partai Kebangkitan Bangsa (PKB) Dewan Perwakilan Rakyat (Daerah) Kabupaten Bandung, Uya Mulyana miharep Dadang jadi tuladeun hususna pikeun pamingpin di OPD di lingkup Pemkab Bandung.

  "Pangaweruh Pa Dadang sing tiasa dilarapkeun ka para  kepala OPD, kanggo masarakat," ceuk Uya, di Pasantren Darul Maarif Margaasih, Saptu, (4/3/2023). 


 

 



Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x